Fikmin #Teu Terang!#

Lebah Cikutra, jrut si Hamad urang Malaya turun tina angkot. Kusiwel
ngaluarkeun keretas kucel sacewir. Catetan alamat babaturanana. Tumpa
tempo, katinggali aya tukang beca, keur ngiuhan handapeun kersen. Ku si
Hamad disampeurkeun. "Bang, alamat ini dimana yah?" pokna, bari ngasongkeun
sacewir keretas. "Teu terang, Pak!" walon tukang beca. Si Hamad ulak ilik
ka luhur, ka handap. "Sini, sini, Bang!" ceuk si Hamad, bari nungtun tukang
beca, ka tempat nu teu kaiuhan ku ngaroyomna kersen. "Alamat ini, dimana?"
ceuk Si Hamad deui. "Muhun, teu terang, Pak!" Si Hamad ngagerendeng, "Tadi
di tempat teduh, 'teu terang', sekarang di tempat terang benderang begini,
'teu terang' juga?" Si Hamad jeung Tukang Beca pakerung-kerung.

Kirim email ke