Hehehe. Sabenerna ari basa formal mah, jiga nu dipake dina koran, dan ampir
sarua, basa Indonesia jeung Malayu teh. Da puguh masih sarumpun tea. Ngan
basa dialek nu loba ragamna teh. Nya meureun mun dibandingkeun jeung basa
Inggris mah, jiga basa Ingris Amrik, Britis, jeung Ostrali.

2011/12/9 mang jamal <[email protected]>

> **
>
>
>
> nu apal mah
>
> ruang emergency, di urang gawat darurat, di msyia mah ruang kecemasan.
> jalan-jalan= pusing-pusing heuheu
>
>
> > Ki,
> >
> >
> >
> > Pedah ki Hasan mah, ngumbara di Malaya, naha leres, basa Malayana
> > ngadapang teh, “bersetubuh dengan bumi†, pasukan payung [Linud lamun
> > di urang mah] “askar bergayut†, Rumah bersalin, “Rumah sakit korban
> > lelaki†, jadi panasaran J
>
> >
> >
> >
> >
> >
> > Consider the environment - avoid printing this document
> >
> >
> >
> > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
> > Behalf Of Ki Hasan
> > Sent: Friday, December 09, 2011 9:09 AM
> > To: Ki Sunda
> > Cc: Baraya Sunda; Urang Sunda
> > Subject: [Urang Sunda] Fikmin - "Teu Terang!"
> >
> >
> >
> >
> >
> > Fikmin #Teu Terang!#
> >
> > Lebah Cikutra, jrut si Hamad urang Malaya turun tina angkot. Kusiwel
> > ngaluarkeun keretas kucel sacewir. Catetan alamat babaturanana. Tumpa
> > tempo, katinggali aya tukang beca, keur ngiuhan handapeun kersen. Ku si
> > Hamad disampeurkeun. "Bang, alamat ini dimana yah?" pokna, bari
> > ngasongkeun sacewir keretas. "Teu terang, Pak!" walon tukang beca. Si
> > Hamad ulak ilik ka luhur, ka handap. "Sini, sini, Bang!" ceuk si Hamad,
> > bari nungtun tukang beca, ka tempat nu teu kaiuhan ku ngaroyomna kersen.
> > "Alamat ini, dimana?" ceuk Si Hamad deui. "Muhun, teu terang, Pak!" Si
> > Hamad ngagerendeng, "Tadi di tempat teduh, 'teu terang', sekarang di
> > tempat terang benderang begini, 'teu terang' juga?" Si Hamad jeung Tukang
> > Beca pakerung-kerung.
> >
> >
>

Kirim email ke