Aya fikmin keur mumuluk, beunang nyalin tina group diskusi FB, "Fiksi Mini
Sunda".

Fikmin#DRAMA#
Ku Deden Abdul Aziz

I
JURU potrét koran jeung majalah cakah-cikih ngatur mahasiswa nu keur démo
ngarah meunang gambar nu alus. "Molotovna balédogkeun pas pulisi datang
ngabubarkeun aksi!" ceuk salah saurang kaméramén TV. Laju mahasiswa
kaleprok. Gur. Seuneu ngabebela tina mobil patroli nu diténggor botol
molotov. Buriak, mahasiswa dibuburak. Buk-bek. Mahasiswa. Pulisi. Getih di
mana-mana. Getih mahasiswa. Getih pulisi. Ngahiji. Wartawan pahibut
paheula-heula meunang angle pangalusna keur suguhkeuneun ka publik.

II
ANGGOTA Détasemén Markas (Dénma) Polda cakah-cikih ngatur tempat keur
Kapolda nu rék mingpin acara konférénsi pérs. Sababaraha urang fotografer
jeung kaméramén nu saméméhna ngaliput aksi mahasiswa ngaduruk mobil puilsi,
diuk dina korsi sakitan. Maranéhna maké seragam nu aya tulisan ‘Tahanan
Polda’. "Atur supaya posisi tahanan jeung komandan simetris supaya alus
keur gambar nu rék dimuat," ceuk Kasi Penerangan Umum. Wartawan pahibut
paheula-heula meunang angle pangalusna keur suguhkeuneun ka publik.

III
MANG Ikin jeung Bi Ikah caka-cikih hareupeun TV. Pahibut paheula-heula
nyokot rémot. "Berita, Ikaaaahhh..." Mang Ikin ngagorowok bari ngarebut
rémot tina leungeun Bi Ikah. "Mangké heula éta sinétron ‘Nini Yang
Tertukar’ can anggeus, Sarkiiiiinnn..." walon pamajikanana teu éléh
gorowok. "Mending berita mahasiswa nu ngaduruk mobil pulisi jeung wartawan
nu dicerek pulisi, Sarikaaaahhh!" Mang Ikin ngajejek bobokong Bi Ikah.
"Ceuk aing sinétron heula, sinétron sia téh!" Bi Ikah ngajérété. Der
duanana papuket. Silih jenggut. Silih dengkék. Rob tatangga. Burudul
wartawan. Pahibut paheula-heula meunang angle pangalusna keur suguhkeuneun
ka publik...*

Kirim email ke