Hehehe, tambah ragot diskusina rupina mah nya. Ari uing kalah kataji ku hadis nu dicutat ku Kang Jalal, perkawis nyelup janggot. Geuning janggot teh sok dicelup nya. Malah dicontoan ku Kangjeng Nabi sagala. Ari uing boga kumis, nu dikukut teh. Henteu ari janggot mah, da nya ipis nya carang. Eta kumis teh ngadon cul-cel aya nu bodasan, sanajan buuk mah masih keneh hideung meles original. Kaci sugan nya mun kumis baplang uing dicelup.
Diskusi Sunni vs Syiah mah, mangga nyanggakeun we, ka para hadirin miwah hadirot sadaya. 2011/12/14 ahsa <[email protected]> > ** > > > Salam. Ieu asa email ti Kang Jalal. Tadi teh ku simkuring cobi diforward > ka Anjeuna. Geuning ieu aya respon pupuhu IJABI. mangga, nyanggakeun. > > ----- Pesan yang Diteruskan ----- > *Dari:* Jalaluddin Rakhmat <> > *Kepada:* ahsa <[email protected]> > *Dikirim:* Rabu, 14 Desember 2011 11:55 > *Judul:* Re: Trs: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif > IAIN) > > Al-Salam "alaikum wa rahmatullah: > > Ieu mah lauk buruk milu mijah we. Estu mung jalmi nu suwung ku panemu > suda ku pangabisa. Kumargi kitu bade tumaros wae ka sadayana, kumaha > pamadegan salira kana hadis sohih anu diriwayatkeun di antawisna ku > Al-Bukhari. Dina Kitab al-Manaqib, Bab Manaqib al-Hasan wa al-Husain, nomer > 3465 > > حدثني ( محمد بن الحسين بن إبراهيم ) قال حدثني ( حسين بن محمد ) حدثنا ( > جرير ) عن ( محمد ) عن ( أنس بن مالك ) رضي الله تعالى عنه أتي عبيد الله بن > زياد برأس الحسين بن علي عليه السلام فجعل في طست فجعل ينكت وقال في حسنه شيئا > فقال أنس كان أشبههم برسول الله وكان مخضوبا بالوسمة > > Ti Anas bin Malik r.a. "Dicandak ka Ubaidillah bin Ziyad mastakana > Al-Husain bin 'Ali alaihis salam dina waskom.. Ku (Ziyad) eta mastaka teh > teu eureun-eureun dicocogan (ku tongkatna) bari pok nyaritakeun kagorengan > kasepna (Al-Husain). Saur Anas: "Eta teh pameunteu anu pangmiripna sareng > pameunteuna Rasulullah saw, bari dicelep ku wasmah (paragi nyelepna janggot > Kanjeng Nabi saw)." > > Upami kaleresan nuju damel di Internet, cobi geura tingalan hadisna dina > http://id.lidwa.com/app/ bari nganuhunkeun ka wargi-wargi urang anu > parantos dug hulu pet nyawa kangge narjamahkeun salapan rupi kitab hadis. > Supados kauninga anu narjamahkeun sareng ngempelkeun hadis-hadis teh > sadayana wargi urang Ahlus Sunnah. Saur aranjeuna, hadis ieu teh > diriwayatkeun ku Ahmad dina Musnadna, nomer hadis 13251. Geura talungtik, > tarjamahna rada benten, sanaos hadisna sami. > > Upami hoyong maluruh anu langkung jauh, geura uningaan dina Kitab-kita > Syarh al-Bukhari sapertos 'Umdatul Qari, Fathul Bari, sareng sanes-sanesna; > teras talungtik oge dina Jami' al-Ushul, Kasyf al-Musykil. Kango takhrij > hadis ieu mangga cobian klik www.islamport.com (kagungan ulama ahli > sunnah, manawi) teras pilari فجعل في طست فجعل ينكت. Aya *2670 *kitab > anu ngariwayatkeun hadis ieu. Ari sim kuring mah dasar jelema jauh ka > bedug, anggang ka dulag, teu tiasa maosna ge. Nyanggakeun wae ka para > ahlina. > > Sim kuring mah bade naroskeun wae penjelasan hadis tea. Punten ngawagel: > Kumaha asal usulna kajadian eta teh? Ku naon putu Rasulullah saw ditelasan, > dugi ka mastakana disimpen dina waskom, dijagragkeun ka Ubaydullan bin > Ziyad? saha manehna teh, bet wawanian naker nyocogan mastaka anu sering > diambung ku Kanjeng Nabi saw? Naon agamana? Mun Islam, madhabna naon bet > ceuceub ka kulawarga Kangjeng Nabi saw? Upami sim kuring ngagoak > nyengceurikan layonna anu mulya, ku naon bet disebut sasar (ah tebih teuing > patarosan anu pamungkas mah; teu diwaler oge sawios). > > Mugi-mugi mastaka juragan henteu panas! Sareng mugi-mugi pangaweruh sim > kuring nambihan. Hatur nuhun. > > *Kang Jalal (anu bodona kawentar ka jalma rea)* > * > * > *From:* ahsa <[email protected]> > *To:* "[email protected]" <[email protected]> > *Sent:* Wednesday, December 14, 2011 7:28 AM > *Subject:* Trs: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif > IAIN) > > > ----- Pesan yang Diteruskan ----- > *Dari:* Irpan Rispandi <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Dikirim:* Selasa, 13 Desember 2011 15:20 > *Judul:* Re: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif IAIN) > > > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... > > On 12/13/2011 03:15 PM, Sp Saprudin wrote: > > > Kumaha teu hulu uing panas, ngajentrekeun hiji hadits jeung pariwayatan > anu kontradiktif pisan. Ngomong we rijalul hadits, tapi teu boga panganyaho > riwayat parawi hadits. Heueuh ari versi rijalu hadits manehna pastina bakal > paketrok jeung pamahaman ahlussunah. Mun enya kumanehna sacara jujur > nalungtik elmu rijalul hadits pasti bakal bener ngajentrekeun perawina, > ulah ngagogoreng kitu. Sanajan kitu manehna oge kudu ngabogaan elmu masalah > Takhrijul hadits pikeun ngabandingkeun sanad hadits anu ditulis di hiji > kitab anu aya di kitab sejen. > > Teu puguh judul, sanajan kumaha oge moal aya saruana, dan USHUL na oge > beda. Ceunah hayang sinkron ameh akur antara Islam Sunni jeung Syiah, > kumaha arek akurna, ngabaldah ngenaah Ahlul Bait jeung Imamah oge beda, > manehna kekeh kitu, nya uing oge kekeh kitu moal obah sakumaha anu geus > dipedarkeun ku para Ulama Hadits, Fiqh, Ushul Ahlussunah Waljamaah. Pijakan > uing mah Al Qur'an jeung Assunnah, moal ilu kana pijakan Immamah anu Goib, > teu kaharti ku logika akal sehat. Uing mah sehat wal afiat, maranehanana > anu henteu sehat wal afitat alias teu waras, mangkana gancang > tobat.....!!!!! > > > *Dari:* Ki Hasan <[email protected]> <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Dikirim:* Selasa, 13 Desember 2011 10:53 > *Judul:* Re: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif IAIN) > > > Hehehe. Dua sudut pandang nu beda, syiah jeung non-syiah. Bangun hese > neang titik temuna. > > Baraya, ngarah karasa aya rasa Sundana. Aya hadena mun padungdengan Sunni > vs Syiah, kumaha mun diskusina make dangding tembang Pupuh nu tujuh welas > tea. > > 2011/12/13 Sp Saprudin <[email protected]> > > > ULAH NGOREHAN DINA WWW.HAKEKAT.COM <http://www.HAKEKAT.COM>, PIKEUN > NGABANTAH ARGUMENTASI SYIAH, MAKA NGOREHANA DINA KITAB-KITAB ANU DIPAKE KU > SYIAH!!! > UING KAASUP JALMA ANTI SYIAH!!! > > > *Dari:* "[email protected]" <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Dikirim:* Selasa, 13 Desember 2011 7:51 > *Judul:* Re: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif IAIN) > > > wah ieu sarua jeung nu sok dicarioskeun ku jalma-jalma nu anti Syiah. sok > geura korehan dina www.hakekat.com, sarua geura alesan nu dijantenkeun > argumen ku Kang SP. Kenging nyutat ti web nu karitunya. Saleresna tos aya > bantahan perkawis nu kitu teh.Urang mah kedah na maluruh nyalira. Ngan > hanjakal kuring can bisa samodel kitu teh. Karek macaan buku. :-) > lajengkeun Kang SP, sugan teu olab :-) > > --- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> > <udarider@...>wrote: > > > >
