---------- Forwarded message ----------
From: Remi <[email protected]>
Date: 2011/12/14
Subject: [Baraya_Sunda] Nyelup Janggot ==> Re: [kisunda] Ahlulbait ti Kang
Jalal
To: [email protected]




--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Hehehe, tambah ragot diskusina rupina mah nya.
>
> Ari uing kalah kataji ku hadis nu dicutat ku Kang Jalal, perkawis nyelup
> janggot. Geuning janggot teh sok dicelup nya. Malah dicontoan ku Kangjeng
> Nabi sagala. Ari uing boga kumis, nu dikukut teh. Henteu ari janggot mah,
> da nya ipis nya carang. Eta kumis teh ngadon cul-cel aya nu bodasan,
> sanajan buuk mah masih keneh hideung meles original. Kaci sugan nya mun
> kumis baplang uing dicelup.
>
> Diskusi Sunni vs Syiah mah, mangga nyanggakeun we, ka para hadirin miwah
> hadirot sadaya.
>
>
>

Wah... rame katingalina na euy di milis tatangga tah!:)) Nepi ka urusan
janggot sagala.

Rek komentar saeutik. Keun bae nambahan kiruh situasi oge he he he...
Kieu:

Islam teh kaluar tina budaya ' kasukuan' alias tribal tea. Budaya tribal
mah pan identik jeung pasea. Mun bisa... nyerang suku lain, kabeh rajakaya
na digondol, awewe anu asup eta suku bisa dijieun gundik atawa dijadikeun
budak (seks), kabeh kaci! Gontok2an jeung peperangan antar suku teh ...
KAWAJIBAN kabeh anggota suku.

Islam datang, mawa kakuatan politik jeung militer! Nabi kabeneran bisa
jadipamingpin anu ngahijikeun eta suku2 nu aya. Nabi wafat? Logis... balik
deui ka asal. Pakepuk deui parebut kawasa!

Sunni jeung Syiah oge eta teh terusan tian konflika ANTAR suku! Intina
mah... enya... parebut KAKAWASAAN! Nu parebut kawas tea, sagala rupa ge
WENANG.

Urang parebut hadis, mana nu pangbener na? Da EUWEUH!!!! KAbeh ge DIJIEUN
dalil nu kitu mah. Ari urang ayeuna kalah hayoh milu parebut dalil? Jang
justifikasi mana NU PANGBENERNA?

Ceuk kuring mah, tinimbang parebut paisan kosong model kitu... mendingen
nyerengeh we lah! :)))) Kateuteuari diskusi na ge. Ketah diskusi mah
KACI... ngan lantaran ngadiskusikeun "kabeuki", hese neangan titik temu na.

Kuring nu beuki jengkol, nya ngotot... yen jengkol teh ngeunah jeung HALAL
he he he... Dalil halal mah, bisa we dijieun! Teu hese ieuh!;))

Rek nu beuki Sunni, nu beuki Syiah, nu beuki Ahmadiyah, nu beuki Katolik...
lah pahare2 we. Nu penting ulah silih ganggu!

Bener teu?




------------------------------------

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links



Kirim email ke