Antara Baduy, Syiah jeung Wahabi
Dina Silokanagara MilisKiSunda nu teu acan asup ka Parsarekatan Bangsa-Bangsa, 
anu pandudukna duka sabaraha can kabejaan jumlahna, aya babaraha parte politik. 
Parte Baduy, Parte Syiah, jeung Parte Wahabi. Jaba ti eta aya keneh babaraha 
parte leutik, di antarana Parte Hitler, Parte BillGate, Parte Nyandung, Parte 
Halimun, nu teu kacaturkeun dina ieu carita.
Nagara ieu boga pamarentahan nu jejeg ti baheulana, ngaran ponggawana ge jiga 
Arab arana, Ki Hasan diantawisna. Parte jeung konstituena boh nu ti baheula 
aya, boh nu anyar datang teu beak akal neangan cara sangkan pesen-pesen partena 
nyampe ka balarea. Iklan-iklan boh nu panjang, boh nu pendek dikocorkeun. 
Pamake elmu boh nu impor boh nu lokal, dibolekerkeun. Ari tujuan parte mah geus 
puguh, neangan konstituen jang meunangkeun dukungan sangkan meunang kakawasaan. 
Sanajan parte di Silokanagara MilisKiSunda hanteu ngayakeun pamilihan umum, 
saling parebut netelakeun eksistensina mah atuh hog-hag jiga nu bakal meunang 
pahala ti panggeran Diponegoro. 
Pendek carita, hiji wanci inohong parte Baduy, Syiah jeung Wahabi papanggih 
dina hiji acara debat publik. 
Ceuk Wahabi, "Duy, ulah muja ka Sasaka Domas. Eta hiji kamusrikan."
Baduy, "Iheung. Sarua bae kabehgeh jalma datang ti Adam. Kami boga kabuyutan, 
di dinya boga kabuyutan."
Syi'ah embung eleh, " Nagara mah lain di atur ku pedah musrik atawa heunteu. 
Tapi saha nu kudu ditanghikeun jadi pupu'un, eta nu boga wiwitan ti Gusti. Ari 
Gusti Allah geus puguh nandaan saha nu sakuduna jadi pupuun sabada kanjeng 
Rosul"
Ceuk Wahabi, "Teu bisa kitu Ah (maksudna Syiah). Sohabat leuwih utama sakumaha 
pupujuh Rosul, yen generasi nu pang alusna eta ti ieu nepi ka ieu. Nu teu 
dilakonan ku sohabat teu bisa jadi hukum"
Baduy, "Iheung. Dararia ngomomg naon?"
TiRiLik
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu.




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke