"AYa nu kuring ngarasa aneh... Urang Iran sabage penganut Syiah, ngagung2 ' ahlul bait' turunan Ali, anu NOTABENE turunan Arab! Anehna naon? Pan urang Iran mah LAIN Arab! Tapi ngangagunkeun Arab! Keur kuring mah pilieureun he he he.."
Tah kitu mun ditilih tina konsep ashabiyah, tribal mah moal asup. da sual Syiah, Ahlulbait, mah urusan teologis (aliran Islam). yen geus ditangtukeun nu gaduh otoritas dina kaislaman saba'da Nabi akhir zaman mah ngan ti turunan Kangjeng Nabi nu dijentrekeun dina hadis aya 12 urang. muhun ari nilik kana istilah basa na artos na bumi, ahlulbait teh. Kitu deui pan ari Syiah oge hartosna kelompok. Dina buku sajarah, Muawiyah sareng kelompok na oge disebat Syiah Muawiyah. Ngan kusabab kadieunakeun istilah Syiah teras dilekatkeun ka urang Islam nu ngutamakeun Kulawarga Nabi. Jigana istilah PKI pan hartos nu aslina mah kanggo nu nganut partey PKI. Ari di zaman Suharto mah ampir sakabeh gerakan nu teu panuju ka manehna disebatna PKI. Sok dijantenkan 'alesan' istilah-istilah teh ku penguasa mah. tangtosna kanggo nyingkirkeun nu teu saru atawa panuju. ________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: Ki Sunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 15 Desember 2011 4:35 Judul: Fwd: [Baraya_Sunda] Nyelup Janggot ==> Re: [kisunda] Ahlulbait ti Kang Jalal
