enya jigana si topi hideung artis fotomodel, nyengcle dina batu mukung,
keur difotoan.

2011/12/15 Dudi Herlianto <[email protected]>

> **
>
>
> nu teu kaharti ku kuring mah, naha dina batu mukung, munuu, bisa ngobok
> cai? sanes munuu teh munjul semu bunder ka luhur? naha mukung teh kedahna
> mah dekok kitu? atawa bisa jadi batu mukung teh lain tempat cai nu dikobok,
> kitu? tapi tempat cicing si topi hideung nya?
>
> hah rungsing :p
>
> 2011/12/15 Ki Hasan <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Fikmin #Nyi Jompong#
>> Rohendi Pandeglang
>>
>> Jeprét!! sada tustél, marengan cahaya ngaburinyay, ka lebah nu ditopi
>> hideung gambar badak, keur ngobok cai dina batu mukung pinuh ku lumut
>> sisieunana.
>>
>> "Kiruh amat nyah?", bari melong beulahan batu cadas nu ngagurat parat
>> tepi ka pangcurugan saat. Laju ngalieuk kaburieun, horéng aya ogé, nyambung
>> ka lebak kanu caina ngeyembeng kénéh,
>>
>> "Doang tampar nyah?’, si topi badak loba tatanya kanu motoan.
>>
>> "Deuleu nu tadi dikobokan ku dia, doang tumbung nyah?!, Laju ...!", teu
>> kebat, kaburu pareum, léptop euweuh gambaran.
>> "Polongo dia, teu nyaho aing keur kotor?!, culangung jasa, ngobokan
>> aing... heuah!!". Brag!! Leungeunna ngagebrag meja. Léptop, topi badak,
>> tustél, asbak ngarajlot.
>>
>> "Héh... kunaeun Ka?!". Muncereng kanu mureleng.
>> Nu ditanya malah ngulahék kana korsi panjang, leuleus taya tanaga.
>>
>> Bray!, léptop nu ragag gigireun sendal kénca, hurung deui.
>> Bréh!, poto guratan cadas, doang tampar panjang, ti curugan ka lebakkeun,
>> muteran batu mukung, caina semu beureum, dikuriling lumut jabrig.
>>
>> Kerung kebel neuleu gambar, ja asa teu moto saéndah kitu tadi téh.
>>
>> Galécok kadéngé nu cacahan digigireun kamar, "Tilok aya nu mandi ka
>> wahangan, Nyi Jompong keur halangan. Padahal di lembur cai keur garati,
>> gararing. Geura baé dia kaditu, kulamah ogah!".
>> Séréngéh nu motoan seuri sorangan, ngalieuk kanu nahnay dina korsi.
>> Héhéh... dia kasibat Nyai Jompong nu geus teu wanieun kebel, isineun
>> mamarahanana, kwarimah.
>> ...
>> (tumbung=larangan istri, burieun=tukangeun, ngarajlot=ngaracleng,
>> ragag=ragrag, tampar=tambang, doang=siga, mukung=munuu, garati=harese,
>> ogah=hoream, nahnay=nyangsaya, kebel=lila, tilok=tara, mamarahan=ngambek)
>>
>>
>>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>   
>

Kirim email ke