Kang DH, anu dimaksud batu mukung teh kabalikan mucunghul, anu dimaksud batu 
mukung teh batu anu cekong/legok anu rupana jiga barang isteri. Mun hujan, eta 
batu kaeusian ku cai.
Tampar sainget kuring mah lain tambang. Tampar anu dimaksud eta nyaeta sumur 
deet anu bisa diciukan ku gayung .............biasana ayana disisi walungan mun 
usum halodo panjang, loba warga anu nyieun susumuran (tampar). 
 
 

________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Kamis, 15 Desember 2011 8:58
Judul: Re: [kisunda] Fikmin - Nyi Jompong (Basa Bantenan)
 

 
   
 
enya jigana si topi hideung artis fotomodel, nyengcle dina batu mukung, keur 
difotoan.


2011/12/15 Dudi Herlianto <[email protected]>

 
>  
>nu teu kaharti ku kuring mah, naha dina batu mukung, munuu, bisa ngobok cai? 
>sanes munuu teh munjul semu bunder ka luhur? naha mukung teh kedahna mah dekok 
>kitu? atawa bisa jadi batu mukung teh lain tempat cai nu dikobok, kitu? tapi 
>tempat cicing si topi hideung nya? 
>
>
>hah rungsing :p
>
>
>
>2011/12/15 Ki Hasan <[email protected]>
>
> 
>>  
>>Fikmin #Nyi Jompong#
>>Rohendi Pandeglang
>>
>>Jeprét!! sada tustél, marengan cahaya ngaburinyay, ka lebah nu ditopi hideung 
>>gambar badak, keur ngobok cai dina batu mukung pinuh ku lumut sisieunana.
>>
>>"Kiruh amat nyah?", bari melong beulahan batu cadas nu ngagurat parat tepi ka 
>>pangcurugan saat. Laju ngalieuk kaburieun, horéng aya ogé, nyambung ka lebak 
>>kanu caina ngeyembeng kénéh,
>>
>>"Doang tampar nyah?’, si topi badak loba tatanya kanu motoan.
>>
>>"Deuleu nu tadi dikobokan ku dia, doang tumbung nyah?!, Laju ...!", teu 
>>kebat, kaburu pareum, léptop euweuh gambaran.
>>"Polongo dia, teu nyaho aing keur kotor?!, culangung jasa, ngobokan aing... 
>>heuah!!". Brag!! Leungeunna ngagebrag meja. Léptop, topi badak, tustél, asbak 
>>ngarajlot.
>>
>>"Héh... kunaeun Ka?!". Muncereng kanu mureleng.
>>Nu ditanya malah ngulahék kana korsi panjang, leuleus taya tanaga.
>>
>>Bray!, léptop nu ragag gigireun sendal kénca, hurung deui.
>>Bréh!, poto guratan cadas, doang tampar panjang, ti curugan ka lebakkeun, 
>>muteran batu mukung, caina semu beureum, dikuriling lumut jabrig.
>>
>>Kerung kebel neuleu gambar, ja asa teu moto saéndah kitu tadi téh.
>>
>>Galécok kadéngé nu cacahan digigireun kamar, "Tilok aya nu mandi ka wahangan, 
>>Nyi Jompong keur halangan. Padahal di lembur cai keur garati, gararing. Geura 
>>baé dia kaditu, kulamah ogah!".
>>Séréngéh nu motoan seuri sorangan, ngalieuk kanu nahnay dina korsi. Héhéh... 
>>dia kasibat Nyai Jompong nu geus teu wanieun kebel, isineun mamarahanana, 
>>kwarimah.
>>...
>>(tumbung=larangan istri, burieun=tukangeun, ngarajlot=ngaracleng, 
>>ragag=ragrag, tampar=tambang, doang=siga, mukung=munuu, garati=harese, 
>>ogah=hoream, nahnay=nyangsaya, kebel=lila, tilok=tara, mamarahan=ngambek)
>>
>>
>>
>
>
>-- 
>d-: dudi herlianto :-q
>paciringan.wordpress.com
>kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk 
>    
  
      

Kirim email ke