"Bacakeun kalayan (nyebutkeun) ngaran Pangeran dia anu nyiptakeun. Manehna geus 
nyiptakeun manusa ti sagumpel getih. Bacakeun, sarta Pangeran dia Anu Pang 
Berehan. ngajarkeun (manusa) kalayan parantaraan kalam. Manehna ngajarkeun ka 
manusa naon anu henteu dipikanyahona" (Al-'Alaq: 1-5) 
 
Ayat kasebut diluhur nyorong Umat Islam pikeun pinter maca, mikir sarta boga 
kreasi. leuwih loba maca, leuwih loba mangpaat anu ditampa. Elmu baris 
nambahan, basa leuwih alus, sarta wawasan leuwih lega. Bacakeun alam ieu. 
Bacakeun AL Qur'an ieu. Bacakeun buku-buku elmu kanyaho. Jadi geus barang 
pasti, maca mangrupa konci pamuka pikeun diajar elmu kanyaho.
Islam pohara ngahargaan elmu kanyaho sakumaha anu dienteungkeun dina wahyu 
kahiji anu diturunkeun ka Nabi Muhammad Saw. kasebut diluhur. Sakitu gedena 
parhatian Islam ka elmu kanyaho, ku kituna saban urang Islam boh lalaki woh 
awewe diwajibkeun pikeun nungtut elmu (Elmu Tuntut Dunya Siar). Pidawuh Nabi:
"Neangan elmu eta wajib pikeun saban urang Islam lalaki sarta awewe" (HR. Ibnu 
Abdil Bar).
Dimana bae elmu ayana, Islam marentahkeun pikeun neanganana. Pidawuh Nabi:
"Teangan elmu sanajan di nagari Cina" (HR Ibnu 'Adi sarta Baihaqi).  

Nungtut elmu dina Islam henteu ngandeg dina wates umur, ngalainkeun 
dilakukeun saumur hirup. tegesna dina hal nungtut elmu euweuh paribasa "geus 
kolot bangkotan". Salila hayat masih dkeneh ikandung awak, manusa wajib nungtut 
elmu. Ngan carana bae anu kudu disaluyukeun jeung kaayaan sarta pangabisa 
sewang-sewangan. Parentah nungtut elmu sapanjang mangsa ieu sukamaha kecapa 
paribasa "Teangan elmu timimiti pependean nepi ka liang kubur". 
 
Kalayan ngabogaan elmu, hiji jalma jadi leuwih luhur derajatna dibandingkeun 
jeung anu henteu boga elmu. Atawa istilah  kecap kalungguhan mulia moal 
dihontal kajaba jeung elmu. Jalma bisa jadi direktur kusabab boga elmu, jalma 
bisa mantri kusabab boga elmu. Elmu mawa darajat boh tina kasajahtraan hirup 
atawa kamuliaan hirup.
Dawuhan Alloh Swt.: "Niscaya Alloh baris ngaluhurkeun jalma-jalma anu ariman 
diantara daria sarta jalma-jalma anu dibere elmu kanyaho babaraha darajat" 
(Al Mujadilah: 11)
Sarta Dawuhan Alloh Swt.:
"Aya teu sarua jalma-jalma anu nyaho kalayan jalma-jalma anu henteu nyaho" 
(Az-zumar: 
9).

Salain eta, 
panghormatan ka panuntut elmu dijelaskeun oge dina babaraha Hadits Nabi Saw. 
diantarana:
"Teu 
pisan-pisan hiji kaum ngariung disalah hiji imah Alloh, bari maca al Qur'an 
sarta diajarna kajaba maranehanana dihadiran ku para malaekat, 
maranehanana dibere ketenangan, disiram rahmat sarta baris diinget Alloh" (HR. 
Muslim).
"Saestuna, malaekat baris ngaplakkeun jangjangna (ningker) dina nuntut elmu 
alatan gumbira naon anu keur ditungtutna". (HR. Abu Daud jeung Tirmidzi)
 
 Nurutkeun hadits kasebut diluhur, tempat-tempat majlis elmu eta dihadiran 
malaekat, dibere katenangan 
(sakinah), disiram rahmat sarta diinget ku Alloh di Arsy-Na.

Sakti gedena panghormatan anu dibikeun ka jalma-jalma anu nungtut elmu kanyaho 
eta. 
 
Elmu kanyaho bisa ngaluaskeun cakrawala sarta ngabengharkeun bahan tinimbangan 
dina sagala dangong sarta tindakan. Keluasan wawawasan, tetempoan 
sarta kabengharan informasi baris nyieun hiji jalma leuwih condong kana lampah 
anu obyektiv, 
kebeneran sarta kanyataan (realita).
Elmu anu bener bisa dijadikeun marga pikeun ngaraketkeun kebeneran dina sagala 
rupa wangun. Tinangtu pikeun saurang muslim, dibalik beungeut-beungeut 
kebenaran eta kasirat  kebeneran anu mutlak nyaeta Alloh Swt. Zat mutlak Nu 
boga Kebeneran. Kalayan kecap séejen, elmu anu bener nyorong hiji 
jalma ngimanan ka Alloh Swt. Zat Anu Maha Bener. Komo leuwih ti eta, 
elmu anu bener bisa nguatkeun sarta ngaronjatkeun kaimanan hiji jalma. Elmu 
bisa nguatkeun iman, sarta iman ngababarkeun kepatuhan sarta tawadhu' ka Alloh 
Swt.
Dawuhan Alloh Swt.:
"Jeung ambeh jalma-jalma anu geus dibere elmu ngayakinan al-qur'an eta teh anu 
hak (petunjuk anu bener) ti Pangeran dia, tuluy maranehanana ngimanan 
sarta patuh/taat hate maranehanana ka Maneh-Na" 
(al Hajj: 54).
 
Ti salah 
sahiji hadits nabi anu diriwayatkan ku Abu Daud: "Ti Abu Darda' ngomong, kuring 
ngadenge Rasulallah Saw. ngadawuh: 'Kaleuwihan hiji jalma alim ti hiji jalma 
'abid (loba ibadah) kawas kaleuwihan bulan jeung bentang-bentang".

Nurutkeun hadits ieu jelema anu boga elmu ngaleuwihan ti jelema anu loba 
ibadah lir ibarat bulan ngaleuwihan bentang-bentang. Elmu mangpaatna henteu 
kawates, lain ngan pikeun nu 
bogana. Tapi nurun ka batur anu ngaregepkeunana atawa anu maca karya tulisna. 
Sedengkeun ibadah mangpaatna kawates pikeun manehna sorangan.
Elmu atasar sarta pangaruhna tetep langgeng sarta lestari salila masih aya 
jelema anu ngamangpaatkeunana, sanajan geus babaraha rebu taun. Tapi jelema anu 
ngalakonan solat, puasa, zakat, haji, dzikir unggal berang jeung peuting jll. 
tetep dibere pahala ku Alloh Swt., tapi eta kabeh baris gancang anggeus sajalan 
jeung anggeusna  anu dilakukeun ku manehna. 

Pidawuh Nabi: "Lamun manusa maot, kabeh amalna kapegatkeun kajaba tilu: sedekah 
jariah, elmu anu mawa 
mangpaat sarta anak saleh anu sok ngado'keun kadua kolotna" (HR. Muslim). 
 
I. Saprudin
Urang lembur ti Banten

Kirim email ke