Mun macaan artikel diskusi nu pakait jeung ageman, contona nu pakait jeung faham Syiah vs Sunni, Umumna artikelna teh ngagarebay. Paranjang.
Ieu mah sakadar info we nya, nu karasa ku uing mun maca artikel di milis nu panjang teuing teh, sok terus ngalenggut, nundutan. Ngan henteu we ari nepi ka ngaguher, kerek, nyegrek, bari ngacay mah. Naon ieu teh hartina nya? Hartina target urang ngirimkeun artikel teh, kurang efektif ka sasaran nu maca. Apan tangtuna ge, mun urang ngirimkeun artikel teh sangkan aya nu maca nya. Tah kulantaran kitu, aya hadenya jigana, mun urang padungdeng pasea teh, rada disengkeran topikna. Tong panjang teuing. Cukup sakacaeun monitor weh. Sangkan barang bray dibuka teh, kabeh kabaca. Teu perlu nepi ka kudu disorolok-sorolokeun ku beubeuritan. Cing kumaha tah, sugan aya kamandang sejen?
