Teu resep ah ka nu Sunni mah resep ka nu rame, komo shuah - shiah mah teu 
pisan-pisan nyarios kasar siga kitu.



________________________________
From: Ki Hasan <[email protected]>
To: Ki Sunda <[email protected]> 
Sent: Thursday, December 15, 2011 1:29 PM
Subject: [kisunda] Panduan Pasea?


  
Mun macaan artikel diskusi nu pakait jeung ageman, contona nu pakait jeung 
faham Syiah vs Sunni, 
Umumna artikelna teh ngagarebay. Paranjang. 

Ieu mah sakadar info we nya, nu karasa ku uing mun maca artikel di milis nu 
panjang teuing teh, sok 
terus ngalenggut, nundutan. Ngan henteu we ari nepi ka ngaguher, kerek, 
nyegrek, bari ngacay mah. 

Naon ieu teh hartina nya? Hartina target urang ngirimkeun artikel teh, kurang 
efektif ka sasaran 
nu maca. Apan tangtuna ge, mun urang ngirimkeun artikel teh sangkan aya nu maca 
nya.

Tah kulantaran kitu, aya hadenya jigana, mun urang padungdeng pasea teh, rada 
disengkeran topikna.
Tong panjang teuing. Cukup sakacaeun monitor weh. Sangkan barang bray dibuka 
teh, kabeh kabaca.
Teu perlu nepi ka kudu disorolok-sorolokeun ku beubeuritan. 

Cing kumaha tah, sugan aya kamandang sejen?


Kirim email ke