Fikmin #Paku Banten#
Rohendi Pandeglang

Si Karang ulah gumede, pedah dia pangbadagna, pedah boga sumur tujuh
panandesan, pedah ngocorkeun cai panghirupan ka saban madhabna Banten.

Si Aseupan ulah gumeden, pedah isok ditoongan, ku kidulur urang baduy,
teuing seba, teuing nyaba, teuing murwa dumampara, ja didinya ngaleuya
carita, nu ngan puun nu apalna.

Aing geh Pulasari, teu jumawa pangabisa, padahal patilasan Rajatapura. Aing
teudeuk umaing, padahal ngaleuya pusakaning kawikuan Cidaresi, Citaman,
Cikahuripan, mudal di Cibulakan. Nyurulung Curug Putri susuci, rek
maratkeun di Puncakmanik. Tah didinya Mandalawangi, mandalarasa mandala
sajatining kula.

Jaganing jaga, dina tonggong awak kula, tina urat sandi kula, ngocorkeun
rundayan Sunda, nu capetang cacahan, ti galuh tepi ka Banten Girang. Dek
dumedek didieu deui ngahiangna.

Kirim email ke