Fikmin - #Bajigur Posmo#

Rurat reret di kamar kos rupek, ukur aya panaheuran cai listrik. Paragi
ninyuh cikopi isuk-isuk. Pipikiran kalah ngalayang ka lembur.
Asa hayang nyuruput bajigur. Tit-tut, tit-tut, mencetan kepad, ngirim SMS
nanyakeun resep bajigur. Ah lahaola we.
Nurutan resep dina SMS mah, kalieur-lieur. Kincid ka super-market. Kop kana
cipati Kara kotak, gula bodas, jeung kopi Nescafe. Naon deui nya? Inget
kana Jahe, kulit Kayu Manis, jeung Cengkeh. Anjog ka kamar, pak-pik-pek,
ngaramu pibajigueun. Teu nepi ka lima menit, sacangkir "Bajigur Posmo" geus
ngabagug gigireun leptop.

Kirim email ke