Nyaan pelem Kang Obay, nya pelem nya cenghar da make nescafe.
Alternatif Kayu Manis, cobian geura ganti ku daun Pudina (Mint).

2011/12/16 Obay <[email protected]>

> **
>
>
> ** Ki, kumaha rasana?
> Mun pelem kuring rek nurutan.
> Powered by Kejo BearĀ®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Fri, 16 Dec 2011 11:34:13 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<
> [email protected]>
> *Subject: *[Urang Sunda] Fikmin - Bajigur Posmo
>
>
>
> Fikmin - #Bajigur Posmo#
>
> Rurat reret di kamar kos rupek, ukur aya panaheuran cai listrik. Paragi
> ninyuh cikopi isuk-isuk. Pipikiran kalah ngalayang ka lembur.
> Asa hayang nyuruput bajigur. Tit-tut, tit-tut, mencetan kepad, ngirim SMS
> nanyakeun resep bajigur. Ah lahaola we.
> Nurutan resep dina SMS mah, kalieur-lieur. Kincid ka super-market. Kop
> kana cipati Kara kotak, gula bodas, jeung kopi Nescafe. Naon deui nya?
> Inget kana Jahe, kulit Kayu Manis, jeung Cengkeh. Anjog ka kamar,
> pak-pik-pek, ngaramu pibajigueun. Teu nepi ka lima menit, sacangkir
> "Bajigur Posmo" geus ngabagug gigireun leptop.
>
>   
>

Kirim email ke