Izinkeun si kuring ngilu nyakseni. Kieu: salila si kuring kungsi ngaji unggal poe Ahad ti shubuh nepi ka jam 8, oge sok miluan sababaraha acara di masjid Al Munawaroh kayaning muludan, asyuroan, tarawehan, si kuring mindeng oge juma'ahan di dinya, jsb, antara taun 83-86-an, kuring nyakseni yen ibadah ritual di jama'ah di eta masjid al-Munawaroh tetep make madzhab NU. Atuh ayeuna aya kasaksian ti kang Ahsa, yen ritual di masjid Al Munawaroh tetep teu robah, alias ritual di eta masjid teu ngadadak robah jaradi Syi'ah beuki nguatkeun yen nyambungkeun silturahim teh teu kudu nepi ka silih rebut madzhab.
Kecap atawa kosa kecap "nyambungkeun silturahim" di dieu ku kuring digurathandapan. Sabab, sakumaha mindeng kakuping ku si kuring ti kang Jalal, yen umat Syi'ah teh tunggal ummat Kangjeng Nabi Muhammad keneh (malah nya ieu umat atawa madzhab anu ngabajoangkeun mantuna kanjeng Nabi saw janten amirul mukminin, nyoko kana sababaraha katerangan anu aya boh di madzhab Sunni atawa di madzhab Syi'i); tunggal ummat Islam keneh, teu kudu silih musuhan atawa silih kafirkeun. Sakanyaho si kuring, kang Jalal mimiti mikawanoh madzhab Syi'ah nya dina raraga nyambungkeun ieu silaturahim IStilah anjeunna: ngawangun rawayan. Eta dua madzhab sarua Islam, oge madzhab nu sejenna salila aya dina kuran-ukuran: sarua Pangeranana, Alloh anu tunggal; sarua syahadatna, sarua Qur'an na, jeung sarua Nabina. Kadar eta cenah dina lebah kamapimpinan beda jeung ritualna hijin dua aya anu beda, nya anngap wae eta mah perbedaan anu rahmah tea sifatna. Kahade ah tikerelep dina caah salah sangka atawa jadi tawanan dina wates sangkaan wungkul, bari tacan neuleuman jero2na. Wassalam manar 2011/12/16 Gunawan Yusuf <[email protected]> > ** > > > ari ahmadiyah mah teu kaci shalat jamaah/masigit luar ahmadiyah > > > On 12/16/11, [email protected] <[email protected]> wrote: > > > > 1. naha leres urang syiah alim netepan berjamaah di masigit sunni ? > > > > ngiringan ah... > > > > Taun kamari nuju Asyura di Pusdai Jabar jalan diponegoro bandung, > > tamu ti Iran sareng Ayatullah nu sumping dina acara eta netepan shalat > > maghrib sareng isya di masigit pusdai. Teras oge jamaah IJABI sareng > pecinta > > Ahlulbait ti sakuliah Jabar netepan oge sasarengan sareng jamaah pusdai. > Nu > > janten imam na tangtos ti Pusdai. (abdi yakin nu janten imam teh Sunni > sabab > > sarua jeung nu sok diamalkeun ku simkuring) > > > > Teras di Masigit Al-Munawwarah, yayasan mutahhahri, eta masigit sering > > dianggona mah ku masyarakat didinya nu seuseurna mah ibadahna kawas NU. > > Malihan mah jamaah IJABI sareng murangkalih SMU Muthahhari sok ngiring > > shalat jamaah didinya. Kitu deui nu di Al-Jawad, Jalan Gegerkalong, > > masigitna Nurul Falah nganggona teh ku jamaah tabligh sareng pangajian > warga > > didinya. Abdi kantos ninggal malihan mah digigireun simkuring, Ustad > Husen > > Al-Kaf (nu katelah pupuhu yayasan al-jawad nu disebat Syiah tea) > sasarengan > > shalat jamaah. Malihan mah santri Aa Gym oge sok ngadon ngagunakeun eta > > masigit pikeun acara-acara kaagamaan. > > > > nu puguh mah masigit teh kangungan Allah, kanggo ibadah. rek Sunni, > Syiah, > > atanapi Sunda, asal dia Islam, kudu ngamakmurkeun eta masigit. > > --- In [email protected], Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@...> > > > > > > >
