Nuhun, kuring teu ngingkari hadits ngenaan wafatna Al Husein. anu dicokot pati 
ku tantara Yazid. Dina riwayat anu kuring dibaca, anu maehana nyaeta tantara 
Ubaidilah bin Ziyad. Tapi  Ziyad oge meunang balesan nyaeta dihukum mati 
(pancung). Sanajan wafatna AL Husein di ala pati ku tantara Yazid, wafat 
anjeuna dina kaayan syahid.Pikeun urusan ieu kusabab patali jeung urusan 
politik kakawasaan. Wafat na Al Husein di Karbala deuket Eufrat jasadna dikubur 
di tempat anjeuna pati, sedeungkeun mastakana dikirimkeun ka kahreupuen 
Ubaidilah bin Ziyad di Kufah sasuai jeung hadits riwayat Bukhari tina Sahihna. 
Tempo we dina Kitab Majmu Fatawa, juz IV kaca 507-508, lamu diketik bisi kokod 
monongeun leungeun uing.
   

________________________________
 Dari: ahsa <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Rabu, 14 Desember 2011 13:53
Judul: Trs: Trs: Bls: Bls: [kisunda] ti Kang Jalal kanggo Kang SP
 

 
   
 
Punten ku abdi dikintun deui bilih teu ka aos. Khusus bae ieu Kanggo Kang SP

 
----- Pesan yang Diteruskan -----
Dari: ahsa <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Rabu, 14 Desember 2011 12:07
Judul: Trs: Trs: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait ti Kang Jalal
 

  
Salam. Ieu aya email ti Kang Jalal. Tadi teh ku simkuring cobi diforward ka 
Anjeuna. Geuning ieu aya respon pupuhu IJABI. mangga, nyanggakeun.

 
----- Pesan yang Diteruskan -----
Dari: Jalaluddin Rakhmat <>
Kepada: ahsa <[email protected]> 
Dikirim: Rabu, 14 Desember 2011 11:55
Judul: Re: Trs: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif IAIN)
 

Al-Salam "alaikum wa rahmatullah:

Ieu mah lauk buruk milu  mijah we. Estu mung jalmi nu suwung ku panemu suda ku 
pangabisa. Kumargi kitu bade tumaros wae ka sadayana, kumaha pamadegan salira 
kana hadis sohih anu diriwayatkeun di antawisna ku Al-Bukhari. Dina Kitab 
al-Manaqib, Bab Manaqib al-Hasan wa al-Husain, nomer 3465

 حدثني ( محمد بن الحسين بن إبراهيم ) قال حدثني ( حسين بن محمد ) حدثنا ( جرير ) 
عن ( محمد ) عن ( أنس بن مالك ) رضي الله تعالى عنه أتي عبيد الله بن زياد برأس 
الحسين بن علي عليه السلام فجعل في طست فجعل ينكت وقال في حسنه شيئا فقال أنس كان 
أشبههم برسول الله وكان مخضوبا بالوسمة


Ti Anas bin Malik r.a. "Dicandak ka Ubaidillah bin Ziyad mastakana Al-Husain 
bin 'Ali alaihis salam dina waskom.. Ku (Ziyad) eta mastaka teh teu 
eureun-eureun dicocogan (ku tongkatna) bari pok nyaritakeun kagorengan  kasepna 
(Al-Husain). Saur Anas: "Eta teh pameunteu anu pangmiripna sareng pameunteuna 
Rasulullah saw, bari dicelep ku wasmah (paragi nyelepna janggot Kanjeng Nabi 
saw)." 

Upami kaleresan nuju damel di Internet, cobi geura tingalan hadisna 
dina http://id.lidwa.com/app/ bari nganuhunkeun ka wargi-wargi urang anu 
parantos dug hulu pet nyawa kangge narjamahkeun salapan rupi kitab hadis. 
Supados kauninga anu narjamahkeun sareng ngempelkeun hadis-hadis teh sadayana 
wargi urang Ahlus Sunnah. Saur aranjeuna, hadis ieu teh diriwayatkeun ku Ahmad 
dina Musnadna, nomer hadis 13251. Geura talungtik, tarjamahna rada benten, 
sanaos hadisna sami. 

Upami hoyong maluruh anu langkung jauh, geura uningaan dina Kitab-kita Syarh 
al-Bukhari sapertos 'Umdatul Qari, Fathul Bari, sareng sanes-sanesna; teras 
talungtik oge dina Jami' al-Ushul, Kasyf al-Musykil. Kango takhrij hadis ieu 
mangga cobian klik www.islamport.com  (kagungan ulama ahli sunnah, manawi) 
teras pilari  فجعل في طست فجعل ينكت.  Aya 2670 kitab anu ngariwayatkeun hadis 
ieu. Ari sim kuring mah dasar jelema jauh ka bedug, anggang ka dulag, teu tiasa 
maosna ge. Nyanggakeun wae ka para ahlina. 

Sim kuring mah bade naroskeun wae penjelasan hadis tea. Punten ngawagel: Kumaha 
asal usulna kajadian eta teh? Ku naon putu Rasulullah saw ditelasan, dugi ka 
mastakana disimpen dina waskom, dijagragkeun ka Ubaydullan bin Ziyad? saha 
manehna teh, bet wawanian naker nyocogan mastaka anu sering diambung ku Kanjeng 
Nabi saw? Naon agamana? Mun Islam, madhabna naon bet ceuceub ka kulawarga 
Kangjeng Nabi saw? Upami sim kuring ngagoak nyengceurikan layonna anu mulya, ku 
naon bet disebut sasar (ah tebih teuing patarosan anu pamungkas mah; teu 
diwaler oge sawios). 

Mugi-mugi mastaka juragan henteu panas! Sareng mugi-mugi pangaweruh sim kuring 
nambihan. Hatur nuhun. 

Kang Jalal (anu bodona kawentar ka jalma rea)

From: ahsa <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Wednesday, December 14, 2011 7:28 AM
Subject: Trs: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif IAIN)
 


 
----- Pesan yang Diteruskan -----
Dari: Irpan Rispandi <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Selasa, 13 Desember 2011 15:20
Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif IAIN)
 

  
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 
Moal Asup Syiah ...  Moal Asup Syiah ... Moal Asup Syiah ... 

On 12/13/2011 03:15 PM, Sp Saprudin wrote: 
  
>Kumaha teu hulu uing panas, ngajentrekeun hiji hadits jeung pariwayatan anu 
>kontradiktif pisan. Ngomong we rijalul hadits, tapi teu boga panganyaho 
>riwayat parawi hadits. Heueuh ari versi rijalu hadits manehna pastina bakal 
>paketrok jeung pamahaman ahlussunah. Mun enya kumanehna sacara jujur nalungtik 
>elmu rijalul hadits pasti bakal bener ngajentrekeun perawina, ulah ngagogoreng 
>kitu. Sanajan kitu manehna oge kudu ngabogaan elmu masalah Takhrijul hadits 
>pikeun ngabandingkeun sanad hadits anu ditulis di hiji kitab anu aya di kitab 
>sejen. 
>
>Teu puguh judul, sanajan kumaha oge moal aya saruana, dan USHUL na oge beda. 
>Ceunah hayang sinkron ameh akur antara Islam Sunni jeung Syiah, kumaha arek 
>akurna, ngabaldah ngenaah Ahlul Bait jeung Imamah oge beda, manehna kekeh 
>kitu, nya uing oge kekeh kitu moal obah sakumaha anu geus dipedarkeun ku para 
>Ulama Hadits, Fiqh, Ushul Ahlussunah Waljamaah. Pijakan uing mah Al Qur'an 
>jeung Assunnah, moal ilu kana pijakan Immamah anu Goib, teu kaharti ku logika 
>akal sehat. Uing mah sehat wal afiat, maranehanana anu henteu sehat wal afitat 
>alias teu waras, mangkana gancang tobat.....!!!!!
> 
>  
>Dari: Ki Hasan <[email protected]>
>Kepada: [email protected] 
>Dikirim: Selasa, 13 Desember 2011 10:53
>Judul: Re: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif IAIN)
> 
>
>  
>Hehehe. Dua sudut pandang nu beda, syiah jeung non-syiah. Bangun hese neang 
>titik temuna.
>
>Baraya, ngarah karasa aya rasa Sundana. Aya
                          hadena mun padungdengan Sunni vs Syiah, kumaha
                          mun diskusina make dangding tembang Pupuh nu
                          tujuh welas tea.
>
>
>2011/12/13 Sp Saprudin <[email protected]>
>
>  
>>ULAH NGOREHAN DINA WWW.HAKEKAT.COM, PIKEUN NGABANTAH ARGUMENTASI SYIAH, 
>>MAKA NGOREHANA DINA KITAB-KITAB ANU DIPAKE KU SYIAH!!! 
>>UING KAASUP JALMA ANTI SYIAH!!! 
>>  
>>
>> 
>>Dari: "[email protected]" <[email protected]>
>>Kepada: [email protected] 
>>Dikirim: Selasa, 13 Desember 2011 7:51
>>Judul: Re: Bls: [kisunda] Ahlulbait (kanggo kang asep- Syarif IAIN)
>> 
>>
>>
>>  
>>wah ieu sarua jeung nu sok dicarioskeun ku jalma-jalma nu anti Syiah. sok 
>>geura korehan dina www.hakekat.com, sarua geura alesan nu dijantenkeun 
>>argumen ku Kang SP. Kenging nyutat ti web nu karitunya. Saleresna tos aya 
>>bantahan perkawis nu kitu teh.Urang mah kedah na maluruh nyalira. Ngan 
>>hanjakal kuring can bisa samodel kitu teh. Karek macaan buku. :-) lajengkeun 
>>Kang SP, sugan teu olab :-)
>>
>>--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>>>
>>
>>             
> 
>         
  

  

  

     

     
      

Kirim email ke