anu diriwayatkeun ku Al-imam Al-bukhari rahimahullahu dina dua kitabna (no. 3340 dina Kitabul Manaqib sarta no. 6588 dina Kitab Al-fitan) jeung Al-imam Muslim rahimahullahu (nomer 8 dina Muqaddimah sarta nomer 5205 dina Kitab Al-fitan Wa Asyrathis Sa’ah) ti sahabat Abu Hurairah radhiyallahu ‘anhu:
لاَ تَقُوْمُ السَّاعَةُ حَتَّى تَقْتَتِلَ فِئَتَانِ عَظِيْمَتَانِ يَكُوْنُ بَيْنَهُمَا مَقْتَلَةٌ عَظِيْمَةٌ دَعْوَتُهُمَا وَاحِدَةٌ وَحَتَّى يُبْعَثَ دَجَّالُوْنَ كَذَّابُوْنَ قَرِيْبٌ مِنْ ثَلاَثِيْنَ كُلُّهُمْ يَزْعُمُ أَنَّهُ رَسُوْلُ اللهِ وَحَتَّى يُقْبَضَ الْعِلْمُ وَتَكْثُرَ الزَّلاَزِلُ وَيَتَقَارَبَ الزَّمَانُ وَتَظْهَرَ الْفِتَنُ وَيَكْثُرَ الْهَرْجُ وَهُوَ الْقَتْلُ وَحَتَّى يَكْثُرَ فِيْكُمُ الْمَالُ فَيَفِيْضَ حَتَّى يُهِمَّ رَبَّ الْمَالِ مَنْ يَقْبَلُ صَدَقَتَهُ وَحَتَّى يَعْرِضَهُ عَلَيْهِ فَيَقُوْلَ الَّذِي يَعْرِضُهُ عَلَيْهِ: لاَ أَرَبَ لِي بِهِ؛ وَحَتَّى يَتَطَاوَلَ النَّاسُ فِي الْبُنْيَانِ وَحَتَّى يَمُرَّ الرَّجُلُ بِقَبْرِ الرَّجُلِ فَيَقُوْلُ: يَا لَيْتَنِي مَكَانَهُ؛ وَحَتَّى تَطْلُعَ الشَّمْسُ مِنْ مَغْرِبِهَا فَإِذَا طَلَعَتْ وَرَآهَا النَّاسُ يَعْنِي آمَنُوا أَجْمَعُوْنَ فَذَلِكَ حِيْنَ لاَ يَنْفَعُ نَفْسًا إِيْمَانُهَا لَمْ تَكُنْ آمَنَتْ مِنْ قَبْلُ أَوْ كَسَبَتْ فِي إِيْمَانِهَا خَيْرًا "Moal ngajadi poe kiamat, sahingga dua jumplukan gede silih perang jeung loba anu paeh diantara dua jumlukan kasebut, anu ajakan maranehanan nyaeta hiji. Jeung nepi ka dihudangkeunna para Dajjal anu sok ngawadul ampir tilu puluh jelema, kabehanana ngaku yen dirina utusan Alloh, dicabutna elmu, loba kajadian lini, zaman beki deukeut, fitnah jadi mencenghul, loba kajadian silih paehan, loba harta ditengah maraneh, kukituna anu boga harta bingung kasaha jalmana anu bisa narima shadaqahna. Nepi ka manehna neangan pikeun nawarkeun ka salah saurang, tapi jalma eta ngomong : 'Kuring henteu ngabutuhkeun', jelema paheula-heula dina ngaluhurkeun wangunan. Sabot hiji jalma liwat dina hiji kuburan manehna ngomong: 'Duh mun kuring aya didinya'; medalna panonpoeti palebah kulon sarta lamun medal ti palebah kulon di waktu jalma-jalma nempona, maranehanana ariman sakumna (mangka eta wayah anu henteu mangpaat keimanan pikeun saban jalma anu saencana manehna henteu ariman atawa manehna henteu migawe kahaderan jeung kaimanana)." Ti katerangan di luhur geus jelas yen kecap Dajjal mindeng dipake pikeun ngaranan hiji jalma anu loba ngawadul sarta loba nipu umat. Para dedengkot kasesatan anu ngaproklamirkeun dirina minangka nabi sanggeus Rasulullah Shallallahu'alaihi wa sallam nyaeta para Dajjal. Sarta lamun disebutkeun Dajjal sacara mutlak (tanpa katerangan tambahan) mangka euweuh anu kagambar dina hate saban jelema ngalainkeun Ad-dajjal Al-akbar (anu panggedena), anu baris mecenghul di ahir jaman minangka tanda deukeutna poe kiamat kalayan sipat-sipat anu geus eces sakumaha dijelaskeun Rasulullah Shallallahu'alaihi wa sallam.
