cenah dajjal mah geus aya di jaman nabi saw, malihan samemeh nabi saw
oge geus aya, naha leres ?, berarti umur-na panjang nya ?

On 12/16/11, Sp Saprudin <[email protected]> wrote:
> anu diriwayatkeun ku Al-imam Al-bukhari rahimahullahu dina dua kitabna (no.
> 3340 dina Kitabul
> Manaqib sarta no. 6588 dina Kitab Al-fitan) jeung Al-imam Muslim
> rahimahullahu (nomer 8 dina Muqaddimah sarta nomer 5205 dina Kitab Al-fitan
> Wa Asyrathis
> Sa’ah) ti sahabat Abu Hurairah
> radhiyallahu ‘anhu:
>
> لاَ تَقُوْمُ السَّاعَةُ حَتَّى تَقْتَتِلَ فِئَتَانِ
> عَظِيْمَتَانِ يَكُوْنُ بَيْنَهُمَا مَقْتَلَةٌ عَظِيْمَةٌ دَعْوَتُهُمَا
> وَاحِدَةٌ
> وَحَتَّى يُبْعَثَ دَجَّالُوْنَ كَذَّابُوْنَ قَرِيْبٌ مِنْ ثَلاَثِيْنَ
> كُلُّهُمْ
> يَزْعُمُ أَنَّهُ رَسُوْلُ اللهِ وَحَتَّى يُقْبَضَ الْعِلْمُ وَتَكْثُرَ
> الزَّلاَزِلُ وَيَتَقَارَبَ الزَّمَانُ وَتَظْهَرَ الْفِتَنُ وَيَكْثُرَ
> الْهَرْجُ
> وَهُوَ الْقَتْلُ وَحَتَّى يَكْثُرَ فِيْكُمُ الْمَالُ فَيَفِيْضَ حَتَّى
> يُهِمَّ
> رَبَّ الْمَالِ مَنْ يَقْبَلُ صَدَقَتَهُ وَحَتَّى يَعْرِضَهُ عَلَيْهِ
> فَيَقُوْلَ
> الَّذِي يَعْرِضُهُ عَلَيْهِ: لاَ أَرَبَ لِي بِهِ؛ وَحَتَّى يَتَطَاوَلَ
> النَّاسُ
> فِي الْبُنْيَانِ وَحَتَّى يَمُرَّ الرَّجُلُ بِقَبْرِ الرَّجُلِ فَيَقُوْلُ:
> يَا
> لَيْتَنِي مَكَانَهُ؛ وَحَتَّى تَطْلُعَ الشَّمْسُ مِنْ مَغْرِبِهَا فَإِذَا
> طَلَعَتْ وَرَآهَا النَّاسُ يَعْنِي آمَنُوا أَجْمَعُوْنَ فَذَلِكَ حِيْنَ لاَ
> يَنْفَعُ نَفْسًا إِيْمَانُهَا لَمْ تَكُنْ آمَنَتْ مِنْ قَبْلُ أَوْ كَسَبَتْ
> فِي
> إِيْمَانِهَا خَيْرًا
> "Moal ngajadi poe kiamat, sahingga dua jumplukan gede silih perang jeung
> loba anu paeh diantara dua jumlukan kasebut, anu ajakan maranehanan nyaeta
> hiji.  Jeung nepi ka dihudangkeunna para Dajjal  anu sok ngawadul ampir tilu
> puluh jelema, kabehanana ngaku yen dirina utusan Alloh, dicabutna elmu, loba
> kajadian lini, zaman beki deukeut, fitnah jadi mencenghul, loba kajadian
> silih paehan, loba harta ditengah maraneh, kukituna anu boga harta bingung
> kasaha jalmana anu bisa narima shadaqahna. Nepi ka manehna neangan pikeun
> nawarkeun ka salah saurang, tapi jalma eta ngomong : 'Kuring henteu
> ngabutuhkeun', jelema paheula-heula dina  ngaluhurkeun wangunan. Sabot hiji
> jalma liwat dina hiji kuburan manehna ngomong: 'Duh mun kuring aya didinya';
> medalna panonpoeti palebah kulon sarta lamun medal ti palebah kulon di waktu
> jalma-jalma nempona, maranehanana ariman sakumna (mangka eta wayah anu
> henteu mangpaat keimanan pikeun saban jalma anu saencana manehna
>  henteu ariman atawa manehna henteu migawe kahaderan jeung kaimanana)."
>
> Ti katerangan di luhur geus jelas yen kecap Dajjal mindeng dipake pikeun
> ngaranan hiji jalma anu loba ngawadul sarta loba nipu umat. Para dedengkot
> kasesatan anu ngaproklamirkeun dirina minangka nabi sanggeus Rasulullah
> Shallallahu'alaihi wa sallam nyaeta para Dajjal. Sarta lamun disebutkeun
> Dajjal sacara mutlak (tanpa katerangan tambahan) mangka euweuh anu kagambar
> dina hate saban jelema ngalainkeun Ad-dajjal
> Al-akbar (anu panggedena), anu baris mecenghul di ahir jaman minangka tanda
> deukeutna poe kiamat kalayan sipat-sipat anu geus eces sakumaha dijelaskeun
> Rasulullah Shallallahu'alaihi wa sallam.


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke