pantes, taun 1983, mun jaman kiwari mah asa geus hese nyiar halimun teh tah.

cek kuring mah, ieu sajak asa kurang godi suwarna ki euy. kurang mahiwal...
aeh hampura, kuring jiga pengamat wa prabu godi nu geus kahot nya? padahal
uing anyar maca godi sabuku, kitu ge lain buku sajakna! haha... ieu mah
bane we, asa geus maca kabeh fikminna godi suwarna.

jadi sakali deui punten... ieu mah nyanyahoanan :D

2011/12/16 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Surat Ti Cadas Pangéran
> Godi Suwarna
>
> Nu anteng ngitung tikungan : Kuring
> Sabot kalbu ditarajang kahariwang
> Duh, gusti, girimis geuning miripis
> Rénghap-ranjug ieu beus nembus halimun
>
> Halimun, duh, lebah mana biwir gawir
> Di mana tungtung tikungan, geuning
> Lebah mana raga kuring baris nyangsang
>
> Duh, gusti
> Ieu kuring hayang muntang
> Kana tangan nu ngajaring beurang-peuting
>
> (1983)
>
>  __
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke