Surat Ti Cadas Pangéran Godi Suwarna Nu anteng ngitung tikungan : Kuring Sabot kalbu ditarajang kahariwang Duh, gusti, girimis geuning miripis Rénghap-ranjug ieu beus nembus halimun
Halimun, duh, lebah mana biwir gawir Di mana tungtung tikungan, geuning Lebah mana raga kuring baris nyangsang Duh, gusti Ieu kuring hayang muntang Kana tangan nu ngajaring beurang-peuting (1983)
