Kang Abbas,

Ieu lamun cersil ditulis sapoe salembar, tina sataun geus 350 lembar jeung 
pasti bisa dibukukeun jeung dijual..........mangga teraskeun kang....kuring rek 
ngabandungan kumaha ketakna Jalma saterusna.

baktosna,

ilen kardani



________________________________
 From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Saturday, December 17, 2011 11:34 AM
Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 24
 

  
Episode ka – 15 Jalma Jadi Pamimpin begal
Ayeuna mah para begal teh, aya rasa kasieun ku Jalma, kaasup
Ki Jara; teu wanieun usik deui; caricing we; aya nu masih nangtung bari
nyenyekel bedogna; tapi teu lila eta nu duaan teh ngalungkeun bedogna duka ka
mana; brek wae dariuk; terus tungkul ku sabab ayeuna mah ngarasa “miris” ku
Jalma. Ki Jara jeung nu sejen, ayeuna mah nungguan naon nu bakal dilakukeun ku
Jalma.
Ti na kantong bajuna Jalma nyokot tilu batu laleutik; sagede
gede takokak; belewer we eta tilu batu dibaledogkeun; keuna pisan ka na punduk
tilu begal nu keur aduh2an; maranehna nyebut aduh deui mani bareng; tapi dadak
sakala ayeuna mah teu karasa nyeri deui; padahal ti kajauhan ! Aduh nyata Jalma
memang hebat; maranehna oge bari rampohpoy milu ngariung jeung begal nu sejen.
Beungeutna sepa. Ari Ki Jara jeung nu sejen deui geus nyata pisan yen memang
Jalma mumpuni pisan; ti kajauhan bisa maledog ku batu leutik, bari tepat pisan
ngeunaan urat nu ngalancarkeun getih nepi ka teu nyeri deui.Ki Jara jeung begal
nu sejen ayeuna mah sigana enyaan talukna; teu wanieun carengkat; terus we
ngariung dariuk; malah sigana teu warani arusik; kabeh begal saperti patung.
 Jalma nyarita:” Tah ti
ayeuna mah kuring jadi pamingpin maraneh, kumaha !?”
Corowok we sakabeh nu aya di dinya sarurak nyebutkeun satuju;
ngan Nyi Epon nu ngabetem teh.
Jalma nyentak ka kabeh begal:”Mun enya satuju, naon buktina
!”
Sakabeh begal kaasup si tilu begal jeung Ki Gandi pa ting
corowok:”Naon wae nu diparentah ku Pendekar; kuring sarerea bakal tumut !”
Jalma:”Enyaan eta teh !? Lain pedah sieun digedig iga ku
kuring ?!”
Sajongjongan mah para begal ting polohok bari silih pelong
jeung pada babaturanana; da saenyana mah matak nyebut kitu ge memang maranehna
sieun gegedena mah.
Keur kitu datang ngadep Tilu begal jeung ki Gandi, sadu2
menta pangampura  lantaran baheula sok
maling jeung ngabegal; tah lamun rek tobat kumaha ? Naha Pangeran ngahampura ?”
Ger begal2 sejen pada ting kecewis; rereana nanya naon atawa
saha Pangeran teh?  Jalma nerangkeun yen
Pangeran teh nya eta nu nyekel hirup hurip manusa; nu Nyiptakeun dunya ieu.
Kabeh pada hareugeueun teu pati ngarti.
Ari Pangeran teh Nya eta Pangeran nu mangeranan agama; agama
nu diaku nya eta Islam. 
“Naoon ari Islam teh ?!” meh bareng, pananya ti kabeh begal.
Jalma:”Kieu we atuh ayeuna mah, arilaing pek we heula ngumpul
di dieu, kuring rek ka Leuwiseeng nganteurkeun ieu Nyi Epon; engke ti ditu
Kuring rek kadieu deui ngajelaskeun soal Pangeran. Kumaha ?”
“Sok bral we, kuring sarerea bakal nungguan sampeyan.”
Bral we Jalma indit ti eta Landeuh nuju ka Leuwiseeng.

HANCA

  
 

Kirim email ke