Nuhun Cep Ilen nu kasep

--- In [email protected], ilen kardani <ilen1017@...> wrote:
>
> Kang Abbas,
> 
> Ieu lamun cersil ditulis sapoe salembar, tina sataun geus 350 lembar jeung 
> pasti bisa dibukukeun jeung dijual..........mangga teraskeun kang....kuring 
> rek ngabandungan kumaha ketakna Jalma saterusna.
> 
> baktosna,
> 
> ilen kardani
> 
> 
> 
> ________________________________
>  From: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Sent: Saturday, December 17, 2011 11:34 AM
> Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 24
>  
> 
>   
> Episode ka â€" 15 Jalma Jadi Pamimpin begal
> Ayeuna mah para begal teh, aya rasa kasieun ku Jalma, kaasup
> Ki Jara; teu wanieun usik deui; caricing we; aya nu masih nangtung bari
> nyenyekel bedogna; tapi teu lila eta nu duaan teh ngalungkeun bedogna duka ka
> mana; brek wae dariuk; terus tungkul ku sabab ayeuna mah ngarasa “miris” 
> ku
> Jalma. Ki Jara jeung nu sejen, ayeuna mah nungguan naon nu bakal dilakukeun ku
> Jalma.
> Ti na kantong bajuna Jalma nyokot tilu batu laleutik; sagede
> gede takokak; belewer we eta tilu batu dibaledogkeun; keuna pisan ka na punduk
> tilu begal nu keur aduh2an; maranehna nyebut aduh deui mani bareng; tapi dadak
> sakala ayeuna mah teu karasa nyeri deui; padahal ti kajauhan ! Aduh nyata 
> Jalma
> memang hebat; maranehna oge bari rampohpoy milu ngariung jeung begal nu sejen.
> Beungeutna sepa. Ari Ki Jara jeung nu sejen deui geus nyata pisan yen memang
> Jalma mumpuni pisan; ti kajauhan bisa maledog ku batu leutik, bari tepat pisan
> ngeunaan urat nu ngalancarkeun getih nepi ka teu nyeri deui.Ki Jara jeung 
> begal
> nu sejen ayeuna mah sigana enyaan talukna; teu wanieun carengkat; terus we
> ngariung dariuk; malah sigana teu warani arusik; kabeh begal saperti patung.
>  Jalma nyarita:” Tah ti
> ayeuna mah kuring jadi pamingpin maraneh, kumaha !?”
> Corowok we sakabeh nu aya di dinya sarurak nyebutkeun satuju;
> ngan Nyi Epon nu ngabetem teh.
> Jalma nyentak ka kabeh begal:”Mun enya satuju, naon buktina
> !”
> Sakabeh begal kaasup si tilu begal jeung Ki Gandi pa ting
> corowok:”Naon wae nu diparentah ku Pendekar; kuring sarerea bakal tumut !”
> Jalma:”Enyaan eta teh !? Lain pedah sieun digedig iga ku
> kuring ?!”
> Sajongjongan mah para begal ting polohok bari silih pelong
> jeung pada babaturanana; da saenyana mah matak nyebut kitu ge memang maranehna
> sieun gegedena mah.
> Keur kitu datang ngadep Tilu begal jeung ki Gandi, sadu2
> menta pangampura  lantaran baheula sok
> maling jeung ngabegal; tah lamun rek tobat kumaha ? Naha Pangeran ngahampura 
> ?”
> Ger begal2 sejen pada ting kecewis; rereana nanya naon atawa
> saha Pangeran teh?  Jalma nerangkeun yen
> Pangeran teh nya eta nu nyekel hirup hurip manusa; nu Nyiptakeun dunya ieu.
> Kabeh pada hareugeueun teu pati ngarti.
> Ari Pangeran teh Nya eta Pangeran nu mangeranan agama; agama
> nu diaku nya eta Islam. 
> “Naoon ari Islam teh ?!” meh bareng, pananya ti kabeh begal.
> Jalma:”Kieu we atuh ayeuna mah, arilaing pek we heula ngumpul
> di dieu, kuring rek ka Leuwiseeng nganteurkeun ieu Nyi Epon; engke ti ditu
> Kuring rek kadieu deui ngajelaskeun soal Pangeran. Kumaha ?”
> “Sok bral we, kuring sarerea bakal nungguan sampeyan.”
> Bral we Jalma indit ti eta Landeuh nuju ka Leuwiseeng.
> 
> HANCA
> 
>  
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke