Di leuweung mana ieu jogolna Bah? Geuning aya Maung Sancang sagala.

2011/12/20 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Ku sabab Nyi Epon kapaehan; kapaksa Jalma ngagulang gaper Nyi Epon; ahirna
> Nyi Epon inget; barang inget barang gabrug wae ngarontok Jalma; tulung2 aya
> Maung! Cenah.****
>
> Jalma usaha satekah polah supaya Nyi Epon tenang; terus we Jalma harita
> keneh nyieun pirunan seuneu; da moal mungkin neruskeun lalampahan di na
> waktu eta.****
>
> Sapeupeuting Jalma ngajaga seuneu; jeung ngajaga Nyi Epon; ari Nyi Epon na
> mah geus guher deui sare tibra. Nu Jalma rada bingung nya eta kumaha shalat
> shubuh.****
>
> Persis kasubuhnakeun, Jalma teu tahan deui terus kasarean; hudang2 geus
> beurang diguyah guyah ku Nyi Epon:”Hudang kebluk !” Cek Nyi Epon bari seuri
> marahmay ngaguyah guyah Jalma. Jalma lilir astaghfirullah; geuning geus
> beurang!? Aduh teu shalat shubuh; Ampun Gusti. Mudah2an we Gusti ngahampura
> ka abdi nu laip. Kitu doa Jalma na jero hatena.****
>
> Barang hudang Jalma neang bangke Maung Sancang; nyata remek pisan sirah
> eta Maung teh; wah geuning tanaga aing teh kuat pisan? Aduh mun dikeunakan
> ka manusa, kumaha tah ? Ah ieu Kulit Maung bakal dijadikeun kantong jeung
> rompi, lumayan. Terus we Jalma nyokot senjata nu seukeut kabeh tea; terus
> dipake nyisitan bangke Maung; Nyi Epon teu tahan; terus ohek2an rek utah.*
> ***
>
> Barang Jalma ngeureutan kulit maung; terus dipoekeun sakali; Nyi Epon
> nanya:”Kang Jalma; urang ulah leleda, da jauh keneh ka Leuwiseeng teh;
> engke kapeutingan deui; kumaha mun pasanggrok jeung Maung deui ?!”****
>
> “Hahahaha, keun we ngarah loba pakean akang.”****
>
> Sanggeus sawatara lilana; terus we Kulit Maung dijait; bral wae duanana
> iring2an nuju ka Leuwiseeng, lemburna Nyi Epon. Nyi Epon ngarasa perjalanan
> ieu teh pangendahna karasana ; mun bisa mah tuluy we kieu; ulah nepi; tapi
> ieu Kang Jalma sigana teu naksir ka aing, emh. Kitu cek pikir Nyi Epon.
>
>
> HANCA
> ****
>
>  
>

Kirim email ke