garawe wae maneh, cig istirahat heula. sasibuk-sibukna digawae meureun aya istirahatna, geura shalat lohor terus dahar. ari dahar mah kahayang maneh hayang jeung naon. jeung bobotok? Ceuk budak kiwari asa kurang keren dahar jeung bobotok, jadul amat nyah. Uing mah baheula keur budak sok diparaban bobotok ku kolot, ayeuna mah hese neangan bobotok
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Selasa, 20 Desember 2011 10:42 Judul: Re: [kisunda] Cersil Sunda ka 26 Di leuweung mana ieu jogolna Bah? Geuning aya Maung Sancang sagala. 2011/12/20 Abbas Amin <[email protected]> > >Ku sabab Nyi Epon kapaehan; kapaksa Jalma ngagulang gaper Nyi Epon; ahirna Nyi Epon inget; barang inget barang gabrug wae ngarontok Jalma; tulung2 aya Maung! Cenah. >Jalma usaha satekah polah supaya Nyi Epon tenang; terus we Jalma harita keneh nyieun pirunan seuneu; da moal mungkin neruskeun lalampahan di na waktu eta. >Sapeupeuting Jalma ngajaga seuneu; jeung ngajaga Nyi Epon; ari Nyi Epon na mah geus guher deui sare tibra. Nu Jalma rada bingung nya eta kumaha shalat shubuh. >Persis kasubuhnakeun, Jalma teu tahan deui terus kasarean; hudang2 geus beurang diguyah guyah ku Nyi Epon:”Hudang kebluk !” Cek Nyi Epon bari seuri marahmay ngaguyah guyah Jalma. Jalma lilir astaghfirullah; geuning geus beurang!? Aduh teu shalat shubuh; Ampun Gusti. Mudah2an we Gusti ngahampura ka abdi nu laip. Kitu doa Jalma na jero hatena. >Barang hudang Jalma neang bangke Maung Sancang; nyata remek pisan sirah eta Maung teh; wah geuning tanaga aing teh kuat pisan? Aduh mun dikeunakan ka manusa, kumaha tah ? Ah ieu Kulit Maung bakal dijadikeun kantong jeung rompi, lumayan. Terus we Jalma nyokot senjata nu seukeut kabeh tea; terus dipake nyisitan bangke Maung; Nyi Epon teu tahan; terus ohek2an rek utah. >Barang Jalma ngeureutan kulit maung; terus dipoekeun sakali; Nyi Epon nanya:”Kang Jalma; urang ulah leleda, da jauh keneh ka Leuwiseeng teh; engke kapeutingan deui; kumaha mun pasanggrok jeung Maung deui ?!” >“Hahahaha, keun we ngarah loba pakean akang.” >Sanggeus sawatara lilana; terus we Kulit Maung dijait; bral wae duanana iring2an nuju ka Leuwiseeng, lemburna Nyi Epon. Nyi Epon ngarasa perjalanan ieu teh pangendahna karasana ; mun bisa mah tuluy we kieu; ulah nepi; tapi ieu Kang Jalma sigana teu naksir ka aing, emh. Kitu cek pikir Nyi Epon. > > >HANCA >
