Unnggal ngadenge kecap-kecap JAHIL-IYAH, mangka anu aya dibenak uing nyaeta sagala rupa kabiasaan goreng anu dipigawe manusa samemeh datangna Islam. Kabeh anu dikaitkeun kana kecap JAHILIYAH, nyaeta konotasi Goreng, goreng...goreng...goreng.....goreng.......lain goreng pisang, tapi goreng ulah dituturkeun. Sakumaha Dawuhan Rasulallah S.a.w. : أَرْبَعٌ فِي أُمَّتِي مِنْ أَمْرِ الْجَاهِلِيَّةِ لَا يَتْرُكُونَهُنَّ الْفَخْرُ فِي الْأَحْسَابِ وَالطَّعْنُ فِي الْأَنْسَابِ وَالنِّيَاحَةُ عَلَى الْمَيِّتِ وَالْاسْتِسْقَاءُ بِالنُّجُومِ
Aya opat perkara jahiliyah anu aya dina umat kuring, maranehanana henteu ninggalkeunana ; nyaeta moyokan turunan, ngagulkeun kalungguhan, nyengcerikan jelema maot, sarta ngahubungkeun turunna hujan jeung bentang-bentang. (HR Bukhari kalayan ringkas sarta Muslim, sarta lafazh ti Muslim no. 934.) Ti pidawuh Anjeunna Shallallahu 'alaihi wa sallam di luhur, para ajengan (ulama) boga pamadegan, masih ayana tradisi jahiliyah anu nempel di tengah masarakat. Ku kituna para ajengan (ulama) ngorejat ngajentrekeun, ambeh masarakat ngajauhan sarta tetep istiqamah dina jalan Ahlussunnah Wal Jamaah. Alatan tradisi jahiliyah teu saluyu jeung sareat anu dibawa Rasulullah Shallallahu 'alaihi wa sallam. Diantara tradisi jahiliyah anu ditegeskeun ku para ajengan (ulama) ambeh dijauhan, nyaeta tradisi jahiliyah dina meunteun hiji kabeneran anu sumberna / asal peunteun eta sorangan. Islam ngajarkeun ka panganutna ambeh ngayakinan sarta mengamalkan kabeh anu diperintahkan dina Al Qur’an sarta Sunnah dumasar pamahaman Salafush Shalih. Kitu oge dina meunteun hiji hal bener atawa henteu, Islam ngajarkeun ambeh ngajadiken Al Qur'an jeung Sunnah salaku tolok ukurna. Beda jeung tradisi jahiliyah, maranehanana ngajadikeun pamadegan abah moyangna sarta pamadegan mayoritas jelema minangka tolok ukurna. Anu saluyu dianggap bener sarta anu teu saluyu dipeunteun salah!! Hanca...... ________________________________ Dari: Gus Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Rabu, 21 Desember 2011 0:39 Judul: KIBS : Sunda, Arab, Yahudi Bls: [kisunda] Trs: Manusia tidak Menjadi Ukuran Kebenaran dan Kepalsuan Ramena Dunya(guruhna dunya) ceuk kuring aya pangaruh anu badag(signifikan) ti dua wangsa: Yahudi jeung Arab. Ari Urang Sunda ? bangsa anyar kitu, atanapi leuwih kolot? Bisa jadi leuwih kolot, mun ditingali ti sesa makhluk heubeul ku ayana Pithecantropus Javangensis/Solongensis. Bisa jadi leuwih ngora, da cenah mah bhs Sunda jieunan urang Walanda. Mana nu bener? Nilik kana sajarah anu rada anyar, 1939-1945 perang dunya II, lamun ditingali tina pemicu atanapi 'Trigger' PD II, faktor nu nonjol nyaeta ku sabab Jerman boga faham Nazi. Naon sababna muncul faham Nazi ? Sabab waktu harita bangsa Jerman ekonomina 'ambruk', ceuk cenahmah kusabab harita perekonomianna dicepeng/dikawasa ku urang Yahudi. Pikeun ngabangkitkeun sumanget cinta tanah air(nasional)/Bumipoetra bijil hiji tokoh nu ngarana Hitler. Milik ti Kodim Bagja ti Kodya, Yahudi jadi katempuhan diEmbe hideungkeun, Ceuk Hitler bangsa nu unggul nyaeta Bangsa Aria lain Yahudi, nu unggul nya urang Jerman tea. Ku sabab geus "nyangsarakeun" rakyat Jerman, kabeh jelema di Jerman anu ngabogaan 'getih' Yahudi dipodaran jeung diracun. Antukna loba urang Yahudi anu hijrah ka Rusia jeung Amerika(Einstain salah sahijina). Ruruntuk PD II geus ampir kapopohokeun, kusabab antara antara lain bipolarisme politik antara Komunis jeung Kapitalis rineh/jempe, 'peran dingin' geus dimeunangkeun ku Kapitalis. Jeung geus lila we deui. Teu gugur teu angin, 19 September 2001 ujug-ujug aya nu "nyerang" simbol-simbol kadigjayaan Kapitalis (WTC ancur, Gedung Putih ampir-ampiran keuna, Pentagon puguh deui keuna sanajan teu ancur siga WTC). Saha pelakuna ? Pilot-pilot urang Arab anu meunang beasiswa ti Amerika. Der we ti dinya Amerika ngamuk, Nagara Irak jeung Afganistan diserbu. Boga salah naon eta 2(dua) nagara Irak jeung Afganistan ka urang/Nagara Amerika ? Nepi ka ayeuna 'War against terrrorist' acan rengse keneh. Sementara eta, Urang Yahudi di Israel jeung Urang Arab di Timteng mah ngahenen we araranteng. Naha di dunia beulahan nu lain ribut silih paehan? eeh ... geuning teu pupuguh oge aya urang Sunda Jol pipilueun we mamawa Bom ngabeledugkeun maneh di lemah cai sorangan. Jadi naon hubungan na antara :Manusia tidak Menjadi Ukuran Kebenaran dan Kepalsuan urang Yahudi jeung Urang Arab kaitanna jeung KIBS II ? Cik sugan aya anu bisa mikiran ? (* Kang Jalak, Kang Asep?) GM (Nu hayang ngaleungitkeun aliran-2 dina Islam) ------------------------------ On Tue, Dec 20, 2011 9:26 PM ICT Ki Hasan wrote: >Teu rurumpaheun ngaluuhan KIBS 2, Kang Jalak? >> Alî menjawab: "Anda tertipu. Kebenaran dan kepalsuan tidak akan diketahui >> dari ukuran kekuatan dari pribadi orang. Tidaklah benar bila Anda >> menetapkan kebenaran berdasarkan tindakan pribadi tersebut. Ini benar, >> karena sesuai dengan tindakannya, dan itu salah, karena tidak sesuai >> dengan tindakannya. Tidak, manusia tidak boleh menjadi ukuran kebenaran dan >> kepalsuan. Kebenaranlah yang harus menjadi tolok ukur bagi orang dan >> pribadi." (cuplikan buku Saqifah karya O.Hashem, bagian akhir bab 01 >> pengantar)
