Cik dangukeun ieu lagu kabangsaan Israel, mani nyalendro
TiRiLiK
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
----- Original Message -----
From: Gus Maman
To: [email protected]
Sent: Wednesday, December 21, 2011 12:39 AM
Subject: KIBS : Sunda, Arab, Yahudi Bls: [kisunda] Trs: Manusia tidak Menjadi
Ukuran Kebenaran dan Kepalsuan
Ramena Dunya(guruhna dunya) ceuk kuring aya pangaruh anu badag(signifikan) ti
dua wangsa: Yahudi jeung Arab. Ari Urang Sunda ? bangsa anyar kitu, atanapi
leuwih kolot?
Bisa jadi leuwih kolot, mun ditingali ti sesa makhluk heubeul ku ayana
Pithecantropus Javangensis/Solongensis. Bisa jadi leuwih ngora, da cenah mah
bhs Sunda jieunan urang Walanda. Mana nu bener?
Nilik kana sajarah anu rada anyar, 1939-1945 perang dunya II, lamun ditingali
tina pemicu atanapi 'Trigger' PD II, faktor nu nonjol nyaeta ku sabab Jerman
boga faham Nazi. Naon sababna muncul faham Nazi ? Sabab waktu harita bangsa
Jerman ekonomina 'ambruk', ceuk cenahmah kusabab harita perekonomianna
dicepeng/dikawasa ku urang Yahudi. Pikeun ngabangkitkeun sumanget cinta tanah
air(nasional)/Bumipoetra bijil hiji tokoh nu ngarana Hitler. Milik ti Kodim
Bagja ti Kodya, Yahudi jadi katempuhan diEmbe hideungkeun, Ceuk Hitler bangsa
nu unggul nyaeta Bangsa Aria lain Yahudi, nu unggul nya urang Jerman tea. Ku
sabab geus "nyangsarakeun" rakyat Jerman, kabeh jelema di Jerman anu ngabogaan
'getih' Yahudi dipodaran jeung diracun. Antukna loba urang Yahudi anu hijrah ka
Rusia jeung Amerika(Einstain salah sahijina).
Ruruntuk PD II geus ampir kapopohokeun, kusabab antara antara lain
bipolarisme politik antara Komunis jeung Kapitalis rineh/jempe, 'peran dingin'
geus dimeunangkeun ku Kapitalis. Jeung geus lila we deui.
Teu gugur teu angin, 19 September 2001 ujug-ujug aya nu "nyerang"
simbol-simbol kadigjayaan Kapitalis (WTC ancur, Gedung Putih ampir-ampiran
keuna, Pentagon puguh deui keuna sanajan teu ancur siga WTC). Saha pelakuna ?
Pilot-pilot urang Arab anu meunang beasiswa ti Amerika. Der we ti dinya Amerika
ngamuk, Nagara Irak jeung Afganistan diserbu. Boga salah naon eta 2(dua) nagara
Irak jeung Afganistan ka urang/Nagara Amerika ?
Nepi ka ayeuna 'War against terrrorist' acan rengse keneh.
Sementara eta, Urang Yahudi di Israel jeung Urang Arab di Timteng mah
ngahenen we araranteng. Naha di dunia beulahan nu lain ribut silih paehan?
eeh ... geuning teu pupuguh oge aya urang Sunda Jol pipilueun we mamawa Bom
ngabeledugkeun maneh di lemah cai sorangan.
Jadi naon hubungan na antara :Manusia tidak Menjadi Ukuran Kebenaran dan
Kepalsuan urang Yahudi jeung Urang Arab kaitanna jeung KIBS II ?
Cik sugan aya anu bisa mikiran ? (* Kang Jalak, Kang Asep?)
GM
(Nu hayang ngaleungitkeun aliran-2 dina Islam)
------------------------------
On Tue, Dec 20, 2011 9:26 PM ICT Ki Hasan wrote:
>Teu rurumpaheun ngaluuhan KIBS 2, Kang Jalak?
>> AlĂ® menjawab: "Anda tertipu. Kebenaran dan kepalsuan tidak akan diketahui
>> dari ukuran kekuatan dari pribadi orang. Tidaklah benar bila Anda
>> menetapkan kebenaran berdasarkan tindakan pribadi tersebut. Ini benar,
>> karena sesuai dengan tindakannya, dan itu salah, karena tidak sesuai
>> dengan tindakannya. Tidak, manusia tidak boleh menjadi ukuran kebenaran dan
>> kepalsuan. Kebenaranlah yang harus menjadi tolok ukur bagi orang dan
>> pribadi." (cuplikan buku Saqifah karya O.Hashem, bagian akhir bab 01
>> pengantar)