JAKARTA, (PRLM).- Pemerintah Indonesia yang diwakili Menteri Koordinator bidang Kesejahteraan Rakyat HR Agung Laksono memberikan bantuan kemanusiaan senilai 500 ribu dolar AS untuk korban bencana banjir di Filipina. Dari total bantuan 500 ribu dolar AS itu, sebesar 300 ribu dolar AS berupa uang tunai dan sisanya 200 ribu dolar AS berupa bantuan makanan siap saji, obat-obatan, peralatan, dan lain-lain. -----------------------
Kitu atuh daek nyumbang ka Filipina anu keur ripuh kabanjiran, peupeuriheun sumbangan keur urang Cieunteung mah euweuh bejana. Kuring mah rek satuju we lah mun pamarentah make jurus "Biar Tekor Asal Kesohor"...........eta teh ajaran Bung Karno ti ngongora nepi ka kolotna, sohor heula nu penting mah engke ekonomi nuturkeun. Matak teu kagok baheula Bung Karno nyieun Gelora Bung Karno, Monas, Hotel Indonesia, jrrd keur jadi mercusuar Indonesia. Hal anu sarupa diturutan ku Mahathir Mohammad, boborot heula sababaraha taun ngarah sohor sanajan loba rahayat anu protes, nyieun Twin Towers, saluran cari ka Singapore, Formula 1 Sepang, Jembatan ka Pulau Pinang, Airport moderen di KLIA, jrrd. Anu antukna Malaysia katelah ka mancanagara jeung loba investor daratang keur ngamajukeun ekonomi, teu cukup nepi ka dinya.....nyieun pusat casino di Genting Highland keur nyedot duit urang Singapore anu raresep judi di Bintan & Batam. Sok ah geura gedekeun deui ngaran Nusantara. ilen kardani
