SAUNAH NYEGAT BEUS Ku MT Saunah rek ulin Ka Batawi, manggihan babaturan sakolana Ki Ali di Ciputat jeung Ki Rosid di Tangerang. Dititu na mah hayang katempo seksi meureun, laju manehna make anderok sempit pisan. Teu lila beus nu ka Jakarta ngaliwat, terus dicegat bae ku manehna.
Barang rek naek, hese, ja anderokna sempit jasa. Supaya rada longgar, Suanah nurunkeun saletingna di buri. Terus nyoba naek beus, tapi hese bae, ja anderokna sempit tea. Dicoba deui sakali deui, seletingna diturunkeun deui sampe pol. Tetep hese ja beusna geh luhur. Kesel lila amat ieu panumpang teu naek naek, bari jeung beus Asli nu tadi babalapan nu disupiran ku Teh Wati geus rek nyusul ti buri, kenek beus laju bae ngangkat jubur Saunah ti buri, terus dijorongkeun ka jero beus."Cunihin kumaneh nyah! Wauh henteu, babaturan lain saudara bukan kamu, wani wani nyekel jubur saya," Ceuk Saunah, maklum kikitu geh manehna turunan jawara gerot, nyemprot eta kenek.Si kenek teu daek eleh ja ngarasa teu salah," Ih ari teteh, kula mah ngan ngangkat jubur teteh. Ari teteh mah dua kali nurunkeun seleting kami!" Catetan: Nu ngaran, tokoh carita disamarkeun Nedunan pamenta ti nu nulisna
