Ieu jang ngawaler S Hawking.
Kula ngabenerkeun ageman S Hawking (SH) nu netelakeun make alat fisika nyen
Gusti (manehna) teh teu aya. Gusti dina kalimat samemeh ieu make kecap sipat
(manehna) nu nunjukeun Gusti nu aya dina konsep SH sorangan.
Permasalahan ieu saenyana sakitu sederhanana. Gusti nu diteuayakeun ku SH teh
Gusti nu mana?
Beda deui jeung Gusti kula. Nyaeta Gusti nu ku kula dipupusti, dipentatulungNa.
Kecap Gusti ti semet ieu nunjuk ka Gusti nu kula. Sangkan kaharti, kula rek
make siloka (Alegori ceuk basa deungeun.) Siloka ieu hiji geh teu aya nu
nyurup. Teu aya hiji siloka nu nyurup kana misal Anjeuna. Lamun disebatkeun
Gusti eta 'aya,' ayaNa beda jeung ayana sahabae, naonbae di sakuliah jagat,
satungkebing langit. Lamun disebatkeun 'hirup,' hirupNa lain jiga hirup manusa
atawa makeluk hirup nu lain.
Tapi, Gusti aya. Gusti hirup.
Gusti nu dipupusti ngawaler sakabeh paneda kula, mangkawelas, mangkaasih.
RahmatNa miheulaan angkaraNa.
Gusti aya dina teuayana, teuaya dina ayana. Ti Anjeuna sakabeh nu aya, ka
anjeuna balik teuayana.
Kaimanan kula ngeun ukur nyakseni kana cicirenNa nu aya dina awaking jeung
sakabeh nu aya di sakuliahjagat, satungkebing langit. Kaasup, Baduy, Syiah,
Wahabi, Karesten, Budha, Hindu, Maya, Zulu, Papua, Arab, Jepang, Kebo, Batu,
Bintang, Langit, Anjing, Babi.
Kaasup jelema nu sok popoyok, bener aing salah batur. Kaasup SH nu make alat
'akal'-na mendakan Gusti (manehna.)
Gusti bener ayana, kula nyakseni. Ngeun kaimanan kula, bisa bener bisa salah.
Sabab Gusti nu eta teu ka untup ku sakabeh kasadaran bahasa kula.
Ngeun kula teudeuk arek ngajak balarea sangkan 'percaya' ka Gusti nu dipupusti
ku kula. Anjeun boga kabuyutan, kula boga kabuyutan. Jojong.
Iheung.
Ari Gusti nu dipupusti ku anjeun jiga kumaha silokana?
Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay tapak nu baheula.
TiRiLik
Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/