Sesi Ka 2 Riwayat Anu ngajelaskeun Ayana Nikah Mut’ah Riwayat anu ngajelaskeun perihal ieu seueur jumlahna, boh riwayat anu ngajelaskeun teu aya nasakh , aya nasakh , didieu urang tuliskeun sabagean tina eta riwayat : 1. Sahih Al-Bukhari , bab Tafsir, no 4156 حَدَّثَنَا مُسَدَّدٌ حَدَّثَنَا يَحْيَى عَنْ عِمْرَانَ أَبِي بَكْرٍ حَدَّثَنَا أَبُو رَجَاءٍ عَنْ عِمْرَانَ بْنِ حُصَيْنٍ رَضِيَ اللَّهُ عَنْهُمَا قَالَ أُنْزِلَتْ آيَةُ الْمُتْعَةِ فِي كِتَابِ اللَّهِ فَفَعَلْنَاهَا مَعَ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَمْ يُنْزَلْ قُرْآنٌ يُحَرِّمُهُ وَلَمْ يَنْهَ عَنْهَا حَتَّى مَاتَ قَالَ رَجُلٌ بِرَأْيِهِ مَا شَاءَ Nyarios ka kami Musaddad ti...ti Amran ibn Hushain ra, nyarios turun ayat Alquran kana Mut’ah dina kitabullah, kami ngalaksanakeun nikah mut’ah eta di zaman rasulullah saww , teu aya ayat anu turun anu ngaharamkeun jeung ngalarang kana eta nikah mutah, nepi ka wafatna rasululullah saww, saatos kitu aya di hiji zaman saurang (khalifah kadua) ku pandangananana ngalakukeun naon anu dipikahayangna ( ngalarang nikah mutah). 2. Sahih Muslim , no 2498 , bab nikah mut’ah حَدَّثَنِي مُحَمَّدُ بْنُ رَافِعٍ حَدَّثَنَا عَبْدُ الرَّزَّاقِ أَخْبَرَنَا ابْنُ جُرَيْجٍ أَخْبَرَنِي أَبُو الزُّبَيْرِ قَالَ سَمِعْتُ جَابِرَ بْنَ عَبْدِ اللَّهِ يَقُولُا كُنَّا نَسْتَمْتِعُ بِالْقَبْضَةِ مِنْ التَّمْرِ وَالدَّقِيقِ الْأَيَّامَ عَلَى عَهْدِ رَسُولِ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَأَبِي بَكْرٍ حَتَّى نَهَى عَنْهُ عُمَرُ فِي شَأْنِ عَمْرِو بْنِ حُرَيْثٍ Nyarios ka kami Muhammad ibn Rafi’ ti..ti... kuring ngadangu ti Jabir ibn Abdillah nyarios , kami (di zaman rasulullah saww) ngalaksanakeun nikah mut’ah ku mahar sakeupeul korma jeung tipung sabaraha poe, di zaman rasulullah saww, jeung dizaman Abu Bakar , nepi ka dilarang di zaman Umar dikarenakeun kajadian Amru ibn huraits. 3. Musnad ibn Hanbal , jilid 6, hal 405 , Eusina sami sareng no 2 4. Fathul Bari , jilid 9 hal 149 Eusina sami sareng no 2 5. Sunan An-Nasai no 5538 أخبرنا عمرو بن علي قال ثنا أبو عاصم يعني النبيل قال ثنا زكريا بن إسحاق قال أنا عمرو بن دينار عن جابر بن عبد الله قال : كنا نعمل بها يعني متعة النساء على عهد رسول الله صلى الله عليه و سلم وفي زمان أبي بكر وصدرا من خلافة عمر حتى نهانا عنها خالفه شعبة Eusina sami sareng no 2 beda jalur riwayat 6. Sunan Baihaki وأخبرنا أبو بكر بن فورك أنبأ عبد الله بن جعفر ثنا يونس بن حبيب ثنا أبو داود ثنا شعبة عن قتادة قال سمعت أبا بصرة يقول : قلت لجابر بن عبد الله ان بن الزبير ينهى عن المتعة وإن بن عباس يأمر بها قال جابر على يدي دار الحديث تمتعنا على عهد رسول الله صلى الله عليه و سلم فلما كان عمر رضي الله عنه خطب الناس فقال إن الله عز و جل كان يحل لنبيه عليه السلام ما يشاء وان القرآن قد نزل منازله فافصلوا حجكم من عمرتكم وأبتوا نكاح هذه النساء لا أوتي برجل تزوج امرأة إلى أجل إلا رجمته أخرجه مسلم في الصحيح من حديث غندر عن شعبة ورواه همام عن قتادة وزاد في الحديث فإنه أتم لحجكم وأتم لعمرتكم وفي ذلك دلالة على أن النهي عن متعة الحج كان على الوجه الذي بينه في الحديث قبله ... Nyarios : kuring nyarita ka Jabir ibn Abdillah ibn Azzubair anu ngalarang nikah mut’ah , tapi Ibn Abbas ngahalalkeunana (nikah mut’ah jeung nikah haji), Jabir nyarios , kami ngalaksanakeun nikah mut’ah di zaman rasulullah saw, nalika Umar ibn Khatab ra khutbah dihareupeun masyarakat nyarios , saenya-enyana Allah Swt ngahalalkeun ka nabiNa naon anu dikehendakiNa, Quran nyaeta kitab anu nunjukkeun kana kehendak Ilahi, maka ayeuna pisahkeun haji anjeun jeung umrahna, jauhkeun anjeun tina nikah mutah ka awewe, urang moal mere izin, lamun lalaki nikah jeung awewe dina batas waktu tertentu (nikah mut’ah) maka bakal dirajam ku kami... Hadits ieu oge dikaluarkeun ku muslim dina sahih muslim. 7. sareng hadits2 sanesna anu sarupa beda jalur periwayatan.
Zen
