Sesi ka 3
Keterangan Nikah Mut’ah Ti para Sahabat
 
1. Amran Ibn Hashaiin  (Wafat 52 H)
أُنْزِلَتْ آيَةُ الْمُتْعَةِ فِي كِتَابِ اللَّهِ فَفَعَلْنَاهَا مَعَ رَسُولِ
اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَلَمْ يُنْزَلْ قُرْآنٌ يُحَرِّمُهُ 
وَلَمْ
يَنْهَ عَنْهَا حَتَّى مَاتَ قَالَ رَجُلٌ بِرَأْيِهِ مَا شَاءَ
 
Turun ayat Alquran kana Mut’ah dina kitabullah, kami ngalaksanakeun nikah
mut’ah eta di zaman rasulullah saww , teu aya ayat anu turun anu ngaharamkeun
jeung ngalarang kana eta nikah mutah, nepi ka wafatna rasululullah saww, saatos
kitu aya di hiji zaman saurang (khalifah kadua) ku pandangananana ngalakukeun
naon anu dipikahayangna ( ngalarang nikah mutah).
(Sahih BUkhari , kitab attafsir,
jilid 3, hal 104)
 
2. Abu Sa’id Al-Khudri  (Wafat 74 H)
تمتعنا
الى نصف من خلافة عمر حتى نهى عمر الناس عنها في شان عمرو بن حريث
Kami ngalaksanakeun nikah mut’ah
nepi ka pertengahan zaman khalifah umar , kulantaran anjeuna ngalarang ka umat,
dikarenakeun peristiwa Amru ibn harits.
(Umdatul Qari, jilid 8, hal 310)
Anjeunna oge salah sahiji sahabat
anu mempertahankeun Mut’ah ieu ( Almuhalla jilid 9, hal 519)
 
3. Jabir ibn Abdullah Anshari (
wafat 78 H) 
 
كُنَّا نَسْتَمْتِعُ
بِالْقَبْضَةِ مِنْ التَّمْرِ وَالدَّقِيقِ الْأَيَّامَ عَلَى عَهْدِ رَسُولِ 
اللَّهِ
صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَأَبِي بَكْرٍ حَتَّى نَهَى عَنْهُ عُمَرُ فِي
شَأْنِ عَمْرِو بْنِ حُرَيْثٍ
Kami ngalaksanakeun nikah mut’ah ku mahar sakeupeul korma jeung tipung
sabaraha poe, di zaman rasulullah saww, jeung dizaman Abu Bakar , nepi ka
dilarang di zaman Umar dikarenakeun kajadian Amru ibn huraits.
(sahih Muslim, jilid 1 hal 623)
 
4. Zaid ibn Tsabit (Wafat 55 H)
فيمن كان
يرى المتعة من اصحاب النبي (ص) زيد بن ثابت الأنصاري
Salah sahiji sahabat Nabi anu
ngahalalkeun nikah mutah Zaid ibn Tsabit al-anshari
(Almuhabbir : 289)
 
5. Abdullah Ibn Mas’ud ( wafat 32
H)
و قد ثبت
على تحليلها بعد رسول الله (ص) جماعة من السلف منهم الصحابة...ابن مسعود
Tos jelas ketetapanana kana
penghalalan nikah mutah bahkan saatos zaman rasulullah saw , jeung anu
ngalaksankeunana jamaah ti salaf diantarana sahabat nabi... salah sahijina ibn
Mas’ud
(Almuhalla : jilid 5 hal 519)
 
6. Salmah ibn Aku’ ( Wafat 74 H)
فيمن كان
يرى المتعة من أصحاب النبي (ص) ، سلمة بن الأكوع الأسلمى
Salah sahiji anu ngahalalkeun
nikah mutah ti sahabat nabi Salmah ibn alaku’ Alaslami
(Almuhambbir 289)
 
7. Imam Ali ibn Abi Thalib as (
wafat 40 H)
لولا أنّ
عمر نهى الناس عن المتعة ما زنى الا شقى
Lamun Umar teu ngalarang nikah
mut’ah maka moal aya jalmi anu berzina kecuali memang dirina geus calaka (
artina aya atawa teu ayana nikah mutah dirina lebih cenderung ka zinah)
(Tafsir fkhrurrazi, Kanzul umal
no 25728, durul mantsur)
 
8. Umar ibn Harits 
و قد ثبت
على تحليلها بعد رسول الله (ص) جماعة من السلف منهم الصحابة عمر بن حريث
Tos jelas ketetapanana kana
penghalalan nikah mutah bahkan saatos zaman rasulullah saw , jeung anu
ngalaksankeunana jamaah ti salaf diantarana sahabat nabi... salah sahijina Umar
ibn Harits.
 
9. Rabiah Ibn Umayyah
إنّ خولة بنت حكيم دخلت على عمر بن الخطاب فقال : إنّ ربيعة بن أمية
استمتع بإمرأة فحملت منه. فخرج بن الخطاب فزعاً يجرّ ردائه فقال : هذه المتعة ،
ولو كنتُ تقدمتُ فيها لرجمت
 
Khaulah binti Hakim nyamperkeun
ka Umar ibn Khatab , nyarios : Rabi’ah ibn umayyah ngalaksanakeun nikah mut’ah
sareng hiji awewe anu dibawa ku anjeunna, teras Umar kaluar bari jeung reuwas
(ngadanguna hal eta), teras umar narik jubahna, nyarios: NIkah Mut’ah ieu,
lamun kuring  aya dihareupeunana (mut’ah
eta) baka dirajam ku kuring.
(Almuwatha : jilid 2 hal 542)
10.  Abi Ibn Ka’ab
Thabari nyarios  dina qiraah (bacaan) Abi ibn Ka’ab ayat mut’ah
anjeuna kieu nuliskeunana:
فما
استمتعتم به منهنّ الى اجل مسمّى
(Naon anu tos dinikah mutah ku anjeun jeung maranehanana (istri)
nepi ka batas waktu tertentu....)
(Jamiul Bayan , jilid 4 hal 19)
11. Asma binti (putri)  Abi Bakar ( wafat 73 H)
حدثنا يونس قال حدثنا أبو داود قال حدثنا شعبة عن
مسلم القرشي : قال دخلنا على أسماء بنت أبى بكر فسألناها عن متعة النساء فقالت 
فعلناها
على عهد رسول الله صلى الله عليه و سلم
 
...ti Muslim Alrarsyi : nyarios
kami patepang sareng Asma binti Abi Bakar, kami naros ka anjeuna perihal nikah
mut’ah, teras anjeuna ( asma putrid abu bakar) nyarios kami ngalaksanakeun eta
nikah mut’ah di zaman rasulullah saw.
Musnad Atthiyalasi  no 1637
 
12. Abdullah Ibn Abbas (wafat 68
H)
Ibn Abbas termasuk salah sahiji
anu ngalanggengkeun nikah mut’ah nepi ka akhir hayatna.
بن عباس يرخص في متعة النساء فقال ما أظن بن عباس
يقول هذا قالوا بلى والله إنه ليقوله قال أما والله ما كان ليقول هذا في زمن عمر 
وإن
كان عمر لينكلكم عن مثل هذا وما أعلمه إلا السفاح
 
Ibn Abbas ngahalalkeun perkara
nikah mutah, nyarios (salim) kuring ningali yen Ibn Abbas nyarios perihal eta
(halal nikah mutah), maranehanana nyarios  leres, demi Allah tapi perihal naon 
anu aya hubungan jeung, pelarangan
nikah mut’ah di zaman Umar, lamun umar teu ngalarang eta nikah mut’ah maka moal
aya anu berzinah kecuali jalmi anu geus cilaka (haying berzinah)
(Mushannaf , abdurrazzaq,  no 14035)
13. Samrah Ibn Jundab
Ibn Hajar Asqalani nyarios ,
pengalaman Samrah :
كنّا
نتمتّع على عهد رسول الله (ص)
Kami ngalaksanakeun nikah mut’ah
sepanjang zaman rasulullah saw masih jumeneng keneh
(Al-Ashabah : jilid 2, hal 81)
 
Sareng seueur deui sahabat anu
ngalaksanakeun hal ieu, kuring cekapkeun wae nepi ka dieu.
Salanjutna pembahasan keterangan
nikah mut’ah ti para tabiin jeung para ulama suni.
 

Zen

Kirim email ke