Conto hade, pikeun migunakeun basa Sunda dina tulisan.

2011/12/26 Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]>

> **
>
>
> ** Hatur nuhun Ki Hasan..
> Baktos
> -Pun zya
> Rampes™
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 26 Dec 2011 16:41:35 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *Urang Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda<
> [email protected]>
> *Subject: *[kisunda] Fikmin - Gambar Parahu Dina Kikisik
>
>
>
> Fikmin # Gambar Parahu Dina Kikisik #
> Godi Suwarna
>
> Puguh wé sono kacida. Geus puluhan taun téa. Kari-kari diparengkeun
> tarepung deui dina malem taun baru. Ngariung di tempat nu teu weléh ngancik
> dina panineungan. Pangandaran. "Waas, nya? Asa karék kamari!" ceuk Dikdik
> sabot ngagambar écéng dina kikisik. "Manéh mah angger waé, Dik! Kasép!"
> omong Riche bari tuluy ngagambar jamparing niruk écéng. Dikdik ukur
> nyéréngéh sabot neruskeun hanca: gambar écéng jadi layar parahu. "Ari Si
> Ajat teu dibéjaan?" Budi nanya. "Dibéjaan ku urang!" walon Yani. Der
> ngarupat Si Ajat. Murid nu pangkuperna. Malem taun baru harita gé, basa rék
> narumpak parahu, Si Éta mah kudu dipaksa. Sabot nu séjén galécok, Didik
> anteng ngagambar parahu nu dikepung lambak. "Wah, geus subuh, yeuh!" Didik
> mungkas obrolan sabada nganggeuskeun gambar. Saréréa ngalieuk ka béh wétan.
> Balébat. "Taun hareup ngariung deui di dieu, nya?" ceuk Tuti. Saréréa
> sapuk. Ti dinya, ujug-ujug lus-les. Ngariles. Balébat beuki ngempur,
> ngahibaran gambar parahu nu tikalebuh.
>
>  
>

Kirim email ke