Siapp.. Nyungkeun widina.. Di-copas. ::pun zya Rampes™ Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 26 Dec 2011 20:06:09 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Fikmin - Gambar Parahu Dina Kikisik Conto hade, pikeun migunakeun basa Sunda dina tulisan. 2011/12/26 Mochamad Ziaulhaq® <[email protected]> > ** > > > ** Hatur nuhun Ki Hasan.. > Baktos > -Pun zya > Rampes™ > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * Ki Hasan <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Mon, 26 Dec 2011 16:41:35 +0800 > *To: *Ki Sunda<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Cc: *Urang Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda< > [email protected]> > *Subject: *[kisunda] Fikmin - Gambar Parahu Dina Kikisik > > > > Fikmin # Gambar Parahu Dina Kikisik # > Godi Suwarna > > Puguh wé sono kacida. Geus puluhan taun téa. Kari-kari diparengkeun > tarepung deui dina malem taun baru. Ngariung di tempat nu teu weléh ngancik > dina panineungan. Pangandaran. "Waas, nya? Asa karék kamari!" ceuk Dikdik > sabot ngagambar écéng dina kikisik. "Manéh mah angger waé, Dik! Kasép!" > omong Riche bari tuluy ngagambar jamparing niruk écéng. Dikdik ukur > nyéréngéh sabot neruskeun hanca: gambar écéng jadi layar parahu. "Ari Si > Ajat teu dibéjaan?" Budi nanya. "Dibéjaan ku urang!" walon Yani. Der > ngarupat Si Ajat. Murid nu pangkuperna. Malem taun baru harita gé, basa rék > narumpak parahu, Si Éta mah kudu dipaksa. Sabot nu séjén galécok, Didik > anteng ngagambar parahu nu dikepung lambak. "Wah, geus subuh, yeuh!" Didik > mungkas obrolan sabada nganggeuskeun gambar. Saréréa ngalieuk ka béh wétan. > Balébat. "Taun hareup ngariung deui di dieu, nya?" ceuk Tuti. Saréréa > sapuk. Ti dinya, ujug-ujug lus-les. Ngariles. Balébat beuki ngempur, > ngahibaran gambar parahu nu tikalebuh. > > >
