Waktu shubuh, Jalma shalat shubuh, ngan ukur dimamuman ku Ki Gandi; lantaran nu sejen mah masih sarare keneh. Jalma oge teu ngahudangkeun, karunya cenah masih carapeeun. Episode ka-20 Adu Jago Isukna bener Maung Hideung ngambreg jeung sakabeh baladna; nu maju pangheulana sigana mah Pamimpinna; lantaran mamawa “tongkat komando” tina awi koneng, diluhurna dirurumbean ku bulu hayam 3 lambar. Terus dituturkeun ku duaan nu hiji geus aya umur, kaciri kumisna ge geus barodas; ku Jalma disidikkeun sigana ieu Anggota Maung Hideung minangka panasihatna; lantaran barang asup manehna tumpa tempo heula; terus tarangna ngerut barang nenjo barisan Pasir Buncit, nu ngan ukur welasan tapi kaciri boga kayakinan nu kuat; sigana manehna keur mikir, aya naon di na sabalik eta kayakinan ? Jalma barang pateuteup jeung eta Panasihat Maung Hideung, geus teg pasti ieu jelema teu bisa gampang dielehkeun; lantaran kaciri “cerdasna”; atawa leuwih cerdas ti batan nu sejenna. Ari nu hiji deui teu make baju2 acan bulucun we , badanna sembada; dada buluan, godeg ngajejembrung; kaciri nguntup pisan jeung ngenyehkeun. Barang nempo Jalma manehna teu unggeuk2 acan; tapi ka Ki Jara ngan ukur ngacungkeun leungeunna wungkul. Satukangeun eta nu dua, ngajejer limaan kaciri hade amprotan. Satukangeunnana murudul para anggota Maung Hideung. Terus we ditarima ku Ki Jara, disina diuk nu dituduhkeun ku Jalma; Ki Panasehat rada nyureng; tapi ahirna teu loba omong terus we dariuk na palupuh nu geus disadiakeun; ari anggota nu sejenna narangtung, mani sarigep, nunjukkeun kaangkeranana; cenah supaya musuh nu bakal nyanghareupan Maung Hideung sarieuneun; kabehanana marake pakean hideung2. Sanggeus basa basi sakeudeung, Si Pamimpin Maung hideung nu ngaranna KI Darga ngareret ka Jalma:”Teu wudu eta budak ngora bisa mamake baju ti na Maung Sancang, meunang meuli ti mana Jang ; pantesna di Kaula, sabaraha rek dijual?” Jalma:”Ah moal, ieu baju geus pas pisan di badan kuring, moal dijual.” Darga:”Rompi kulit Macan; bengker leungeun jeung Beubeur kulit macan; mawa kantong kulit Macan ! kuduna mah matak loba nu sieuneun; tapi dipake ku maneh mah Jang, matak loba nu nyeungseurikeun; da teu pararantes ! Hahahaha!” Ger atuh Wadya Balad Maung Hideung ting cakakak , mani ngaguruh. Geus kitu Ki Darga nyarita ka Ki Jara:”Tah ku sabab sampeyan geus nangtang Kumpulan Maung Hideung; ayeuna mah tong kapalang; kumaha mun ayeuna we, urang mimitian, ngarah gancang. Ke Mun Kula jeung sabalad balad meunang, mun perlu bakal ngabantuan sampeyan neangan tempat keur sampeyan. Kumaha ?” Ki Jara mikir, bener oge sangkaan Jalma; yen ieu Gorombolan teh, geus teu sabar hayang ngarebut ieu Pasir Buncit; saencan ngajawab Ki Jara melong heula ka Jalma; Jalma rada unggeuk saeutik; Ki Jara ngarti, pok ngomong:”Hade oge, mun memang Ki Darga ti Maung Hideung geus teu sabaran, poe ieu oge hade; engke urang atur.”
