Ki Darga ngahaja DEMO lantaran supaya urang Pasir Buncit
serah bongkokan samemeh prung tarung, lantaran can naon2 geus moal mungkin bisa
ngalawan; eta tujuanana teh; supaya ngamuluskeun jalan, teu kudu susah2.

Saenyana rada rentag oge sumanget urang Pasir Buncit, tapi
nyaho bakal diusir ti eta tempat nu sakitu strategina  para begal neger2keun 
maneh, jeung nyaho kana
kadigjayaan Jalma; nya rada teger. Nenjo ketak urang Pasir Buncit, Ki Wira
kahareup pok ngomong:”Saenyana Kaula sarereaa kadieu, lain rek ngarebut Pasir
Buncit, tapi nyata urang sarerea kumpulan Maung Hideung meunang ancaman anu
gede ti Kumpeni, jadi Kula sarerea kapaksa kadieu supaya ulah loba korban; ku
sabab kitu arandika sakabeh hayu urang babarengan piara ieu Pasir Buncit; jadi
urang bisa rempeg babarengan; Ki Jara bakal diangkat jadi Wakil ka 2 mun daek
gabung jeung Maung Hideung.”

Eta omongan diplomatis ti Ki wira, maksudna supaya Urang
Pasir Buncit ulah ngayakeun perlawanan sama sakali; atawa sabagean urang Pasir
Buncit taluk ka Maung Hideung, sesana mah gampang diurus; tapi nyata urang
Pasir Buncit kaciri teu aya riuk2 sama sakali; tandana maranehna keukeuh bakal
mertahankeun ieu Pasir Buncit.

Ki Darga terus nangtung, ngomong ka Ki Jara, beungeutna
beureum , tanda geus mimiti ambek:”Eh ki Jara ! Kumaha geus nyieun kaputusan ?
Sok omongkeun ulah leleda!”

Ayeuna Ki Jara maju ka hareup, terus pidato saeutik:”Eh Ki
Darga, Adu Jago kapan can dimimitian; tah mudah2an sampeyan tong ngitung rek
Ngamilik ieu Pasir Buncit; samemeh adu jago can lekasan mah. Sok ti anjeun
majukeun jagona; tiluan. Ti Pasir Buncit mah HIJI wae ! Ngalawan nu tilu;
bagilir ! Tapi mun sakali geprak jago Pasir Buncit eleh; teu kudu diteruskeun
pek we Pasir Buncit cokot ku andika! Tapi lamun Tilu Jagoan sampeyan keok,
sampeyan oge kudu ihlas ninggalkeun ieu tempat, kalawan moal ngaganggu Pasir
Buncit deui, kumaha satuju !?”

Ki Darga ambek campur heran, moal enya ki Jara wani
sosoranganan ngalawan Tilu Jago Maung Hideung ? Masing enya hiji2; tapi memang
tahan 3X tanding bari teu istirahat? Jeungna deui jigana sakali geprak  ge keok 
tah Ki Jara teh teu kudu Tiluanana
Jago Maung Hideung ka hareup. Naha manehna nganggap enteng ka Maung Hideung !?
Hahaha lamun kitu mah, tangtu salah sorangan !” Kitu pikirna ki Darga bari rada
medenghel. 

“Enyaan maneh Jara wani ? Geus diitung ku sampeyan untung
rugina ?”

Ki Jara:”Kula can nyebutkeun saha Jago ti Pasir Buncit; ari
Kaula mah sigana ayeuna mah moal maju !”

Ki Darga:”Naooon !? Jadi saha Jago andika !?”

Ki Jara :”Tah ieu Jago kula mah Pendekar Maung Sancang !”

Lain wungkul Ki Darga, ampir kabeh kaget jeung
heran........... sabab nempo umur mah, asa mustahil eta budak ngora bisa maju
jadi Jago . Tapi nilik baju nu dipake mah, sigana ieu pamuda teh lain sisiwo.
HANCA


K

Kirim email ke