Haduh.. Kudu nungguan deui tuluyna. Rampes™ Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 29 Dec 2011 14:06:10 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 33 Ki Darga ngahaja DEMO lantaran supaya urang Pasir Buncit serah bongkokan samemeh prung tarung, lantaran can naon2 geus moal mungkin bisa ngalawan; eta tujuanana teh; supaya ngamuluskeun jalan, teu kudu susah2. Saenyana rada rentag oge sumanget urang Pasir Buncit, tapi nyaho bakal diusir ti eta tempat nu sakitu strategina para begal neger2keun maneh, jeung nyaho kana kadigjayaan Jalma; nya rada teger. Nenjo ketak urang Pasir Buncit, Ki Wira kahareup pok ngomong:”Saenyana Kaula sarereaa kadieu, lain rek ngarebut Pasir Buncit, tapi nyata urang sarerea kumpulan Maung Hideung meunang ancaman anu gede ti Kumpeni, jadi Kula sarerea kapaksa kadieu supaya ulah loba korban; ku sabab kitu arandika sakabeh hayu urang babarengan piara ieu Pasir Buncit; jadi urang bisa rempeg babarengan; Ki Jara bakal diangkat jadi Wakil ka 2 mun daek gabung jeung Maung Hideung.” Eta omongan diplomatis ti Ki wira, maksudna supaya Urang Pasir Buncit ulah ngayakeun perlawanan sama sakali; atawa sabagean urang Pasir Buncit taluk ka Maung Hideung, sesana mah gampang diurus; tapi nyata urang Pasir Buncit kaciri teu aya riuk2 sama sakali; tandana maranehna keukeuh bakal mertahankeun ieu Pasir Buncit. Ki Darga terus nangtung, ngomong ka Ki Jara, beungeutna beureum , tanda geus mimiti ambek:”Eh ki Jara ! Kumaha geus nyieun kaputusan ? Sok omongkeun ulah leleda!” Ayeuna Ki Jara maju ka hareup, terus pidato saeutik:”Eh Ki Darga, Adu Jago kapan can dimimitian; tah mudah2an sampeyan tong ngitung rek Ngamilik ieu Pasir Buncit; samemeh adu jago can lekasan mah. Sok ti anjeun majukeun jagona; tiluan. Ti Pasir Buncit mah HIJI wae ! Ngalawan nu tilu; bagilir ! Tapi mun sakali geprak jago Pasir Buncit eleh; teu kudu diteruskeun pek we Pasir Buncit cokot ku andika! Tapi lamun Tilu Jagoan sampeyan keok, sampeyan oge kudu ihlas ninggalkeun ieu tempat, kalawan moal ngaganggu Pasir Buncit deui, kumaha satuju !?” Ki Darga ambek campur heran, moal enya ki Jara wani sosoranganan ngalawan Tilu Jago Maung Hideung ? Masing enya hiji2; tapi memang tahan 3X tanding bari teu istirahat? Jeungna deui jigana sakali geprak ge keok tah Ki Jara teh teu kudu Tiluanana Jago Maung Hideung ka hareup. Naha manehna nganggap enteng ka Maung Hideung !? Hahaha lamun kitu mah, tangtu salah sorangan !” Kitu pikirna ki Darga bari rada medenghel. “Enyaan maneh Jara wani ? Geus diitung ku sampeyan untung rugina ?” Ki Jara:”Kula can nyebutkeun saha Jago ti Pasir Buncit; ari Kaula mah sigana ayeuna mah moal maju !” Ki Darga:”Naooon !? Jadi saha Jago andika !?” Ki Jara :”Tah ieu Jago kula mah Pendekar Maung Sancang !” Lain wungkul Ki Darga, ampir kabeh kaget jeung heran........... sabab nempo umur mah, asa mustahil eta budak ngora bisa maju jadi Jago . Tapi nilik baju nu dipake mah, sigana ieu pamuda teh lain sisiwo. HANCA K
