> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf
Of Gus Maman
> Tableg teh kudu lengkep jeung sidigna, fatonahna jeung amanahna.

> Kondisi sosial, politik, adat kakurung ku iga jeung ekonomi berewit loba
nu numpang kana urusan agama.Nu kieu nu disebut jurig 

> tumpak kuda.

> (teu jauh tina riwayat awal muasal pecahna islam ka sunni jeung siah)

 

Da enya kitu, kondisi sosial-politik jeung ekonomi  ...hehehe. Tokoh agama
teh pan kaasup inohong politik. Lamun dipilemburan asup aliran anyar, lamun
ngagedean,  bisa dianggap "invasi" ku para inohong aslina, sabab bisa
mucunghulkeun inohong saingan nu tanggtu we bakal ngarugikeun inohong nu
lila (boh dina wibawa/pangaruh jeung pangpangna pakasaban/panghasilan). Keur
mempertahankeun "kakawasaanana", para inohong ieu bisa ngahasut jeung
ngagerakkeun massa. Alesan sih bisa dijieun rupa-rupa, tapi dasarna mah teu
jauh ti pangaruh, kakawasaan jeung tangtu wae keur eusi beuteung.

 

WLY

 

Kirim email ke