Ki Abbas.. Kumaha lamun carita, Jalma jeung baladna dibantuan ku Si Buntung 
Jago Tutugan jeung Si Rawing.. Pasti rame tah..
*bari nungguan kiriman deui.. -haha
~Pun Zya
Rampes™
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 30 Dec 2011 15:32:01 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 35





Episode ka 21 – Silih Gempur

 

Ki Jara
nu memang geus taki2 ti tatadi mikir na hatena, bener pisan sangkaan Jalma teh,
untung urang sarerea geus aya persiapan; gancang we mere kode ka sakabeh begal
Pasir Buncit ! Ti harita geus ting belewer batu2 jeung balok2 dibaledogkeun ka
handap; jurusan Begal2 Maung Hideung nu rek ngambreg ! Sababaraha urang geus
ting jarungkel ! Sawareh ting araduh lantaran kabaledog ku balok atawa batu nu
paling belewer ditinggangkeun ti luhur ka handap; ari Jalma kesit pisan
nyingcet ti na eta serangan balok2 jeung batu2; kahiji lantaran manehna memang
geus siap sadia da memang manehna nu marentah. Najan manehna dihandap, kaduana
lantaran memang Jalma kesit pisan. Jalma ngajauhan eta tempat ka sisi, tapi
dipegat ku Ki Joyo Sembodo; nu megat bari nyorowok:”Eh Bocah ! tong kabur siah
! 

Joyo Sembodo geus ngarasa ateul ti tatadi hayang ngagempur
Jalma; tapi ku sabab teu kapilih jadi jago dina adu jago, lantaran dianggap ku
si Uca ge cukup; nyata ayeuna manehna boga kasempetan keur nyoba2 kadigjayaan
Jalma.

Demi Ki Darga terus ngabereg ka luhur, dituturkeun ku KI Wira
Ki Dada,Ki Gondo jeung Ki  Seta. Tadina
rek ngepung Jalma, tapi na pikirna Ki Joyo moal eleh atah2, keun engke ge
gampang nalukkeun Si Maung Sancang mah ! ayeuna mah talukkeun heula anak buah
Pasir Buncit. Ki Darga masing kalah kumaha ge memang Jagoan, manehna teu bisa
dihalangan ku kitu2 wae ; manehna pangheulana nepi ka luhur, jebet wae ngagebug
hiji anak buah Ki Jara ! Jerit ngajerit, jungkel we. Nu sejen ngabreg terus,
dipimpin ku jago2 Maung Hideung, ki Jara gancang marentah mundur, anak buah
begal Pasir Buncit marubus ka tempat nu loba kakaian; tapi nu teu kaburu mah,
nya dicacagan ku pasukan Maung Hideung. Tapi barang maranehna milu mubus;
jerit2 we sabab katigas ku bedog2 urang Pasir Buncit. Nya nu ngambreg rada
katahan.
HANCA



Kirim email ke