gantung areuyeun...
heuheu...

nuhun baaahh....

2011/12/30 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> *Episode ka 21 – Silih Gempur*
>
> ** **
>
> Ki Jara nu memang geus taki2 ti tatadi mikir na hatena, bener pisan
> sangkaan Jalma teh, untung urang sarerea geus aya persiapan; gancang we
> mere kode ka sakabeh begal Pasir Buncit ! Ti harita geus ting belewer batu2
> jeung balok2 dibaledogkeun ka handap; jurusan Begal2 Maung Hideung nu rek
> ngambreg ! Sababaraha urang geus ting jarungkel ! Sawareh ting araduh
> lantaran kabaledog ku balok atawa batu nu paling belewer ditinggangkeun ti
> luhur ka handap; ari Jalma kesit pisan nyingcet ti na eta serangan balok2
> jeung batu2; kahiji lantaran manehna memang geus siap sadia da memang
> manehna nu marentah. Najan manehna dihandap, kaduana lantaran memang Jalma
> kesit pisan. Jalma ngajauhan eta tempat ka sisi, tapi dipegat ku Ki Joyo
> Sembodo; nu megat bari nyorowok:”Eh Bocah ! tong kabur siah ! ****
>
> Joyo Sembodo geus ngarasa ateul ti tatadi hayang ngagempur Jalma; tapi ku
> sabab teu kapilih jadi jago dina adu jago, lantaran dianggap ku si Uca ge
> cukup; nyata ayeuna manehna boga kasempetan keur nyoba2 kadigjayaan Jalma.
> ****
>
> Demi Ki Darga terus ngabereg ka luhur, dituturkeun ku KI Wira Ki Dada,Ki
> Gondo jeung Ki  Seta. Tadina rek ngepung Jalma, tapi na pikirna Ki Joyo
> moal eleh atah2, keun engke ge gampang nalukkeun Si Maung Sancang mah !
> ayeuna mah talukkeun heula anak buah Pasir Buncit. Ki Darga masing kalah
> kumaha ge memang Jagoan, manehna teu bisa dihalangan ku kitu2 wae ; manehna
> pangheulana nepi ka luhur, jebet wae ngagebug hiji anak buah Ki Jara !
> Jerit ngajerit, jungkel we. Nu sejen ngabreg terus, dipimpin ku jago2 Maung
> Hideung, ki Jara gancang marentah mundur, anak buah begal Pasir Buncit
> marubus ka tempat nu loba kakaian; tapi nu teu kaburu mah, nya dicacagan ku
> pasukan Maung Hideung. Tapi barang maranehna milu mubus; jerit2 we sabab
> katigas ku bedog2 urang Pasir Buncit. Nya nu ngambreg rada katahan.
>
>
> HANCA
> ****
>
>  
>



-- 
Dikdik

>>gowes 4life, gowes 4ever<<

Kirim email ke