Ki Abbas.. Nu ka 37-40 sakalieun.. Khusus week end.. -haha ::zya Rampes™ Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 31 Dec 2011 10:52:56 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka- 36 Jalma barang nyaho Ki Joyo Sembodo nyusul, terus we ngadeukeutan, atuh Ki Joyo Sembodo gancang ninggang ku tonjokan nu bisa meulah batu tea; ku Jalma ngahaja ditakis ! Barang peureup Ki Joyo paantel, manehna kaget lantaran ngarasa lain numbuk nu TEUAS, tapi ULET kawas leutak na balong, manehna kaget lantaran tanagana asa kasedot. Saenyana Jalma oge hayang nyaho tanaga dirina jeung hayang ngukur kakuatan Ki Joyo Sembodo, barang itu ninggang Jalma ngaluarkeun Ilmu “kapas” nu intina tanaga Jero nu lembek, tapi ULET; leungeunna rada karasa nyeri oge, tanda memang tanaga si Joyo Sembodo memang gede; tapi kaciri Ki Joyo Sembodo leungit kasaimbanganana; tidinya mah terus we direngkas bari dibanting sakali ! Tanaga sagram ngelehkeun tanaga 100 Kg. Eta Elmuna. Eta awak Ki Joyo Sembodo nu sakitu jangkung gedena, kacirina siga hampang pisan ku Jalma dibantingkeun ! Joyo Sembodo ngajerit tarik pisan, lantaran igana asa potong mun enggeus mah. Manehna ti gugulitik sababaraha kali; waktu eureun, manehna rek nyoba hudang, nyata teu bisa awakna asa pasiksak, manehna ngan bati haharegungan. Jalma barang nempo Ki Sembodo kokosehan teu aya daya biur we lumpat ka tonggoh, nempo nu keur tararung. Cacakan mun teu diatur siasat ku Jalma, ti tatadi urang Pasir Buncit geus peren. Barang jol kaciri Lima jajadug Maung Hideung keur usaha hayang nyusup ka leuweung nu loba kaian, tapi sigana rada hese beleke; tapi geus dua deui bae anak buah Ki Jara cilaka; ari anak buah Maung Hideung, ngan ukur nungguan we tukangeun lima pimpinanana, lantaran geus kapokeun, loba baladna nu sejen nu carilaka. Ti kajauhan Jalma maledogkeun batu2 leutik ka eta rombongan Maung Hideung, atuh loba nu ting jarerit jeung tingjarungkel keuna ku batu, mangkaning ditujukeun kana urat2 nu lemahna pisan; ngan sakeudeung pasukan Maung Hideung katawuran. Ki Darga jeung Ki Wira rareuwaseun, barang ngalieuk, katempo Jalma geus aya di hareupeun maranehna. Ki Darga, mani kekerot, huntu2na ting calaktruk ku amarah2na; Jalma mah ukur mesem we. Ki Wira, Ki Seta, Ki Gondo jeung Ki Dada ayeuna mah maphum, yen Jalma enyaan Jagona; da buktina Joyo Sembodo teu milu kadieu, hartina meureun geus ngajungkel. Maranehna taki2 bari posisina siga nu ngepung Jalma. HANCA
