Jalma barang nyaho Ki Joyo Sembodo nyusul, terus we
ngadeukeutan, atuh Ki Joyo Sembodo gancang ninggang ku tonjokan nu bisa meulah
batu tea; ku Jalma ngahaja ditakis ! Barang peureup Ki Joyo paantel, manehna
kaget lantaran ngarasa lain numbuk nu TEUAS, tapi ULET kawas leutak na balong,
manehna kaget lantaran tanagana asa kasedot. Saenyana Jalma oge hayang nyaho
tanaga dirina jeung hayang ngukur kakuatan Ki Joyo Sembodo, barang itu ninggang
Jalma ngaluarkeun Ilmu “kapas” nu intina tanaga Jero nu lembek, tapi ULET;
leungeunna rada karasa nyeri oge, tanda memang tanaga si Joyo Sembodo memang
gede; tapi kaciri Ki Joyo Sembodo leungit kasaimbanganana; tidinya mah terus we
direngkas bari dibanting sakali ! Tanaga sagram ngelehkeun tanaga 100 Kg. Eta
Elmuna.
Eta awak Ki Joyo Sembodo nu sakitu jangkung gedena, kacirina siga
hampang pisan ku Jalma dibantingkeun ! Joyo Sembodo ngajerit tarik pisan,
lantaran igana asa potong mun enggeus mah. Manehna ti gugulitik sababaraha
kali; waktu eureun, manehna rek nyoba hudang, nyata teu bisa awakna asa
pasiksak, manehna ngan bati haharegungan.
Jalma barang nempo Ki Sembodo kokosehan teu aya daya biur we
lumpat ka tonggoh, nempo nu keur tararung. Cacakan mun teu diatur siasat ku
Jalma, ti tatadi urang Pasir Buncit geus peren. Barang jol kaciri Lima jajadug
Maung Hideung keur usaha hayang nyusup ka leuweung nu loba kaian, tapi sigana
rada hese beleke; tapi geus dua deui bae anak buah Ki Jara cilaka; ari anak
buah Maung Hideung, ngan ukur nungguan we tukangeun lima pimpinanana, lantaran
geus kapokeun, loba baladna nu sejen nu carilaka.
Ti kajauhan Jalma maledogkeun batu2 leutik ka eta rombongan
Maung Hideung, atuh loba nu ting jarerit jeung tingjarungkel keuna ku batu,
mangkaning
ditujukeun kana urat2 nu lemahna pisan; ngan sakeudeung pasukan Maung Hideung
katawuran. Ki Darga jeung Ki Wira rareuwaseun, barang ngalieuk, katempo Jalma
geus aya di hareupeun maranehna.
Ki Darga, mani kekerot, huntu2na ting calaktruk ku amarah2na;
Jalma mah ukur mesem we. Ki Wira, Ki Seta, Ki Gondo jeung Ki Dada ayeuna mah
maphum, yen Jalma enyaan Jagona; da buktina Joyo Sembodo teu milu kadieu,
hartina
meureun geus ngajungkel. Maranehna taki2 bari posisina siga nu ngepung Jalma.
HANCA