Ki Darga terus nyentak:”Heh enyaan jago sampeyan teh ! sok
sebutkeun ngaran maneh, bisi paeh teu boga ngaran !”

Jalma:”Ngaran kuring Jalma, ari masalah paeh mah lain urusan sampeyan;
jeung can tangtu mun can waktuna mah.”

Darga:”Eh Jalma ! tong sambat kaniaya, maneh bakal paeh di na
poe ieu ku aing, tapi maneh untung budak ! Maneh paeh teh ku leungeun Kula,
leungeun hiji pimpinan perkunpulan nu kasohor nya eta Maung Hideung ! Darga
pimpinan Maung Hideung !”

“Hahaha ! kakuatan ilaing teu sabanding jeung carawak corowok
ilaing ! boa nu kajadian sabalikna.”Jalma nembalan bari seuri.

Ki Darga oge sadar yen Jalma pasti geus ngelehkeun Ki Joyo
Sembodo, terus we nyorowok:”Eh Wira! Gondo! Seta ayo recah ieu budak teh, ulah
dilalajoan da lain lalajoaneun !”

Ki Seta neunggeulkeun tongkatna dibarengan ku Cagak ti Ki
Gondo; ari Ki Dada rapet ngadeukeutan Jalma lantaran manehna mah jago Silat
tangan kosong !  Ki Wira geus ngulangkeun
pecut senjatana; ari Ki Darga sorangan make tongkat haur koneng tea; kabeh nuju
ka Jalma.

Jalma ngan sakilat sakilat; bari nyingcet tina tongkat Ki
Seta; ngadorong pikeun nakis serangan Cagak Ki Gondo; terus newak pecut Ki Wira
jeung nadahan panumbuk Ki Dada; ari haur koneng ki Darga dicingcetkeun mani
gesit pisan. Eta sababaraha gerakan Jalma teh dilaksanakeunana ngan sakilat2
ampir teu bisa katempo ku panon biasa; nyaho2 eta serangan limaan teh gagal we.

Nenjo serangan mimiti bisa digagalkeun ku Jalma, Ki Darga
beuki napsu, terus manehna nyecer ku haur koneng nojosan Jalma; Ki Wira jeung
nu sejenna gancang marengan eta serangan; tapi teorina mah bareng nyerangna
teh, tapi ari praktekna mah nya hiji2; tapi carepet pisan; tapi Jalma bisa
ngabedakeun mana nu serangan nu pangheulana jeung nu pandeuri ! Tina hawa
senjata atawa tonjokan, Jalma nu ceulina geus dilatih peka pisan, bisa
ngabedakeunana, Jadi Jalma bisa nangtukeun nu mana nu kudu disanghareupan
pangheulana, mana nu kadua katilu, jeung saterusna; tapi ku sabab cepet pisan,
eta gerakan siga acak2an lima senjata ngahurup hiji; tapi kaciri Jalma teu
kateter sama sakali; masih bisa ngimbangan 

Saenyana nu pangbahayana diantara nu limaan, nya eta Ki Dada,
lantaran manehna loba nunggu, ku sabab teu make senjata, manehna ngincer terus,
iraha jeung dimana Jalma meleng, atawa keur nyingcet ti senjata sejen, manehna
nu mapakan Jalma ku tonjokan nu nya beurat nya cepet; akhirna Jalma nyieun
kaputusan rek ngajungkeulkeun heula Ki Dada, engke nu sejenna bagilir.

Na hiji waktu Jalma siga nu keuna kasabet pecut Ki Wira;
nyebut aduh bari nyoloyong; Ki Darga , Ki Seta jeung Gondo meh bareng
ngagerakkeun senjatana masing2; atuh Jalma kaciri ripuh, soloyong wae
ngadeukeutan tempat Ki Dada.

Lakadalah, cek hate Ki Dada, nya ayeuna siah ku aing
dipiteskeun ieu si Jalma teh; teu antaparah deui Ki Dada ngaluarkeun sabagean
gede tanagana pikeun ngajungkelkeun Jalma; tapi manehna jadi teu waspada ngan
hayang nyerang wungkul, bari teu ngajaga, lantaran nempo Jalma siga kadesek
pisan; manehna kurang ngajaga diri; Ngan ukur saramo jauhna eta peureup Ki Dada
ti na angen Jalma nu rek dituju ku Ki Dada, Jalma ngagiwar, bari jebet ninggang
persis ka na puhu ceuli Ki Dada; atuh ohek ! Ki Dada utah getih; terus we
ngaguling, teu nyaho kapaehan, teu nyaho tiwas. Jalma harita keneh luncat
ngajauhan tempat eta.
HANCA


Kirim email ke