Enya ge ngan sakilat pisan Jalma ngagedig Ki Dada, tapi waktu
nu saeutik kitu mere kasempetan nu alus pisan pikeun nu opatan, nyerang ka
Jalma; nu matak Jalma sanggeus ngagedig terus luncat ngajauhan, tapi tetep we
Jalma kakeunaan oge. Cagak Ki Gondo ngeunaan sikuna; pecut Ki wira nyabet
buukna; ari tongkat Ki Seta nyabet kantong Maungna; nu rada karasa nyeri mah
nya eta sabetan tongkat haur konengna Ki Darga. Untung we Jalma gancang
melesat, mun henteu mah mungkin leuwih rugi deui. Jalma jadi meunang pangalaman
oge, yen di na gelut pakepuk kitu, keukeuh teu meunang gagabah nyerang, lamun
can pasti hasilna. 

Ayeuna Jalma leuwih hampang, lantaran lawanna geus kurang
hiji, nya eta Ki Dada; enya manehna kakeunaan oge; tapi ngan ukur saeutik. 

Ayeuna dua pihakanan maraju deui, Jalma geus meunang
pangalaman, jeung nempo gerakan2 eta nu opatan; enya ge eta nu opat teh kaasup
jajadug wungkul; tapi maranehna masing ngahurup ge tapi teu kompak sama sakali;
jadi Jalma ayeuna mah geus nempo lolongkrang diantara eta musuh nu opatan;
ayeuna Jalma tarungna teu pati ngagunakeun kagesitan deui; tapi manehna ayeuna
make kakuatan; ngahaja nyerbu ka ditu ka dieu; atuh ayeuna mah nu opatan nu
kalang kabut teh; lantaran nyata tanaga jero Jalma saluhureun maranehna; kitu
deui di na elmu kanuraganana, Jalma estu aya saluhureun nu opatan. Nu Opatan
bisa tahan lila, lantaran kahiji Jalma can loba pangalaman tarung; kadua
maranehna ngoroyok; jeung katilu Jalma masih ragu2 ngagunakeun tanagana sieun
bisi nyilakakeun nu matak hanjakal engkena. 

Tapi di na waktu ayeuna Jalma mikir keur kapentingan urang
Pasir Buncit, manehna ngabela nu lemah nu bakal dihina basa ku sikuat; tah di
dinya Jalma ayeuna mah jadi leuwih mantep. 

Jadi ayeuna mah Jalma nu nyerang, lain diserang, nu opatan
sabisa bisa ngabela diri; teu kanyahoan deui keplok wae Ki Gondo kacabok;
saterusna tongkat Ki Seta karebut terus dibalangkeun sakali. Waktu keur
ngarebut tongkat Ki Seta; Ki Gondo keur kokoloyongan lantaran katampiling,
pecut jeung tongkat haur koneng datang nyerang Jalma; Jalma geus ngira2 yen
lamun manehna hasil ngagebug nu hiji, pasti nu sejenna bakal nyerang bareng;
enya ge kurang kompak, tapi tetep we bahaya sabab rata2 ieu lawan Jalma bangsa
Jadug. Nya atuh Jalma harita keneh geus malik ka kenca nyanghareupan Ki Darga,
pecut ki Wira dikepret saeutik, katakis; terus tongkat Ki Darga ditewak ku
Jalma. 

Kirim email ke