...bah, rada diseringkeun atuh upload cersil na teh. diantos pisan ku abdi mah...
salam, budi ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Tuesday, 3 January 2012 11:33 AM Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 38 Enya ge ngan sakilat pisan Jalma ngagedig Ki Dada, tapi waktu nu saeutik kitu mere kasempetan nu alus pisan pikeun nu opatan, nyerang ka Jalma; nu matak Jalma sanggeus ngagedig terus luncat ngajauhan, tapi tetep we Jalma kakeunaan oge. Cagak Ki Gondo ngeunaan sikuna; pecut Ki wira nyabet buukna; ari tongkat Ki Seta nyabet kantong Maungna; nu rada karasa nyeri mah nya eta sabetan tongkat haur konengna Ki Darga. Untung we Jalma gancang melesat, mun henteu mah mungkin leuwih rugi deui. Jalma jadi meunang pangalaman oge, yen di na gelut pakepuk kitu, keukeuh teu meunang gagabah nyerang, lamun can pasti hasilna............................
