eny akang SP, ningali nu nyekel banten ayeuna ti mimiti gubernur, dewan, 
bupati, jst... asa jiga karajaan nya. kmh tah bener teu?

 

________________________________
 Dari: Sp Saprudin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 3 Januari 2012 12:58
Judul: Bls: [kisunda] Pulo Jawa
 
 
   
 
Ieu meureun dampak tina UU No. 32 tahun 2004 ngenaan "Pemerintah Daerah". Dina 
jero UU ieu ibarat liang (ceulah) gorowong dipake sanjata ku politisi pikeun 
ngaeksploitasi daerah ngudag kadudukan. Wadul bin bohong mun aya pamekaran 
daerah sok ngagunakeun "Aspirasi Masyarakat". Eta pagawean politisi ngajual 
ngaran rakyat!  Ngomong saeutik2 rakyat....saeutik-saeutik rakyat, kutan pikeun 
rakyat saeutik, nu badagna kamanakeun? 
Kababalsan tina ngamaknaan Otonomi Daerah. Padahal anu dimaksud otonomi daerah 
teh ngalola pamarentahan henteu aya campur leungen pamarentah pusat. Baheula 
aya istilah centralisasi, ayeuna decentralisasi anu kaleuleuwihan timbulna 
loba jalma hayang jadi pamimpin dampakna loba wilayah provinsi dimekarkeun, 
kabupaten dimekarkeun, kecamatan dimekarkeun, desa dimekarkeun. Loba anu 
dimekarkeun pamustungan Indonesia dimekarkeun??
 
Mang Abas, warta rek dibentukna Provinsi Cirebon teh sakadar wacana, aya anu 
pro aya anu kontra, pastina didieu loba kompor. Mun eta komporna panas, pasti 
daharan gancang asak. Tapi mun eta komporna panas teuing, atuh bisa meledug 
bitu, anu nimbulkeun ruksak sagala-gala. Kahayang mah komporna haneut-haneut 
tai hayam we, sangkan Jawa Barat ulah loba teuing Provinsi. Cukup Banten we anu 
misah, dan Banten mah haram jadah ayeuna teh, ulah diturutan ku Cirebon.
Meureun pedah Cirebon teh leuwih kolot batan Banten, maenya budak kamari bisa 
jadi Provinsi, aing anu kolot teu bisa?
Mun gampang dimekarkeun jadi Provinsi jadina loba teuing Gubernur, karunya 
budak SD ngapalkeun ngaran Gubernur sakabeh Indonesia aya 60 
Provinsi........cig eta politisi sing marikir ulah ngudag-ngudag kadudukan, 
pikiran teh kumaha sangkan masyarakat Jawa Barat hirupna GEMAH RIPAH REPEH 
RAPIH sasuai jeung moto Jawa Barat. Mun eta politisi keukeuh hayang ngabentuk 
Provinsi Cirebon, berarti eta politisi teu karunyaeun ka rakyat. Naha jadi 
pamimpin teh kudu aya di struktural birokrasi wae? Melaan kadudukan beak 
milyaran rupiah, geus jadi pamimpin mikir deui "AING GEUS MEAKEUN DUIT 10 
MILYAR, DUIT AING KUDU KABALIKEUN DEUI JADI 40 MILYAR", kitu meureun kalkulasi 
politikna.
Jador!
 

________________________________
 Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Selasa, 3 Januari 2012 12:13
Judul: [kisunda] Pulo Jawa
 
  
Baheula keur di SD  diajar Elmu Bumi : Pulo Jawa dibagi 3 Provibsi : 1. Jabar  
2. Jateng  3. Jatim

Ayeuna kumaha :

Pulo Jawa dibagi sabarah Propinsi ?
Dua nu galede jeung hiji deui ,pir euweuh nya eta Jawa Barat !
Geus hapis we atuh tong make disebut JAWA deui ! Da geus teu pantes
deui !

Baheula ari diajar teh : Propinsi Jabar dibagi 5 karesidenan : 1. Jakarta 
puseur dayeuh Purwakarta  2. Priangan Puser dayeuh Bandung  3. Kares Bogor 
puseur dayeuh Bogor  4. Karesidenan Cirebon Puseur dayeuh Cirebon  5. Kares 
Banten Puseur Dayeuh Serang.

Tah ayeun mah nu disebut JABAR teh tinggal sacangkewok deui !!!

Naha ya Urang Sunda caricing wae !?

Cing atuh USUL deui Priangan mau memisahkan diri dari JABAR ! Kituh !!!
Jadi
 Propinsi Priangan !

Tah leungit we JABAR teh  pab
 ??!!!

Jadi sigana Pulo Jawa ge geus teu pantes disebut Pulo Jawa; pan JABAR na geus 
leungit

Kumah tnggapan miliser sadaya ?
 !
          
         

Kirim email ke