Heueuh.. tapi teu bisa disalahkeun, pan anu milih kapala daerah teh rakyat, naon we judulna tina ngaraup sora rakyat, anu jelas maranehna bisa jadi pamimpin di tataran Banten dipilih ku rakyat, jadi mun pamimpin di Banten salah, rakyatna oge ilu salah, bongan milih anu salah
________________________________ Dari: Narayana Adipranata <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Rabu, 4 Januari 2012 8:21 Judul: Bls: [kisunda] Pulo Jawa eny akang SP, ningali nu nyekel banten ayeuna ti mimiti gubernur, dewan, bupati, jst... asa jiga karajaan nya. kmh tah bener teu? ________________________________ Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 3 Januari 2012 12:58 Judul: Bls: [kisunda] Pulo Jawa Ieu meureun dampak tina UU No. 32 tahun 2004 ngenaan "Pemerintah Daerah". Dina jero UU ieu ibarat liang (ceulah) gorowong dipake sanjata ku politisi pikeun ngaeksploitasi daerah ngudag kadudukan. Wadul bin bohong mun aya pamekaran daerah sok ngagunakeun "Aspirasi Masyarakat". Eta pagawean politisi ngajual ngaran rakyat! Ngomong saeutik2 rakyat....saeutik-saeutik rakyat, kutan pikeun rakyat saeutik, nu badagna kamanakeun? Kababalsan tina ngamaknaan Otonomi Daerah. Padahal anu dimaksud otonomi daerah teh ngalola pamarentahan henteu aya campur leungen pamarentah pusat. Baheula aya istilah centralisasi, ayeuna decentralisasi anu kaleuleuwihan timbulna loba jalma hayang jadi pamimpin dampakna loba wilayah provinsi dimekarkeun, kabupaten dimekarkeun, kecamatan dimekarkeun, desa dimekarkeun. Loba anu dimekarkeun pamustungan Indonesia dimekarkeun?? Mang Abas, warta rek dibentukna Provinsi Cirebon teh sakadar wacana, aya anu pro aya anu kontra, pastina didieu loba kompor. Mun eta komporna panas, pasti daharan gancang asak. Tapi mun eta komporna panas teuing, atuh bisa meledug bitu, anu nimbulkeun ruksak sagala-gala. Kahayang mah komporna haneut-haneut tai hayam we, sangkan Jawa Barat ulah loba teuing Provinsi. Cukup Banten we anu misah, dan Banten mah haram jadah ayeuna teh, ulah diturutan ku Cirebon. Meureun pedah Cirebon teh leuwih kolot batan Banten, maenya budak kamari bisa jadi Provinsi, aing anu kolot teu bisa? Mun gampang dimekarkeun jadi Provinsi jadina loba teuing Gubernur, karunya budak SD ngapalkeun ngaran Gubernur sakabeh Indonesia aya 60 Provinsi........cig eta politisi sing marikir ulah ngudag-ngudag kadudukan, pikiran teh kumaha sangkan masyarakat Jawa Barat hirupna GEMAH RIPAH REPEH RAPIH sasuai jeung moto Jawa Barat. Mun eta politisi keukeuh hayang ngabentuk Provinsi Cirebon, berarti eta politisi teu karunyaeun ka rakyat. Naha jadi pamimpin teh kudu aya di struktural birokrasi wae? Melaan kadudukan beak milyaran rupiah, geus jadi pamimpin mikir deui "AING GEUS MEAKEUN DUIT 10 MILYAR, DUIT AING KUDU KABALIKEUN DEUI JADI 40 MILYAR", kitu meureun kalkulasi politikna. Jador! ________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Selasa, 3 Januari 2012 12:13 Judul: [kisunda] Pulo Jawa Baheula keur di SD diajar Elmu Bumi : Pulo Jawa dibagi 3 Provibsi : 1. Jabar 2. Jateng 3. Jatim Ayeuna kumaha : Pulo Jawa dibagi sabarah Propinsi ? Dua nu galede jeung hiji deui ,pir euweuh nya eta Jawa Barat ! Geus hapis we atuh tong make disebut JAWA deui ! Da geus teu pantes deui ! Baheula ari diajar teh : Propinsi Jabar dibagi 5 karesidenan : 1. Jakarta puseur dayeuh Purwakarta 2. Priangan Puser dayeuh Bandung 3. Kares Bogor puseur dayeuh Bogor 4. Karesidenan Cirebon Puseur dayeuh Cirebon 5. Kares Banten Puseur Dayeuh Serang. Tah ayeun mah nu disebut JABAR teh tinggal sacangkewok deui !!! Naha ya Urang Sunda caricing wae !? Cing atuh USUL deui Priangan mau memisahkan diri dari JABAR ! Kituh !!! Jadi Propinsi Priangan ! Tah leungit we JABAR teh pab ??!!! Jadi sigana Pulo Jawa ge geus teu pantes disebut Pulo Jawa; pan JABAR na geus leungit Kumah tnggapan miliser sadaya ? !
