Mantap... Jadi jimatna Ki Nurustunjung. Pohara..!! Nu ka 42 ah.. lanjut!! -hahaha
Baktos, Zya ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Wednesday, 4 January 2012 11:10 AM Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 40 Ki wira molotot nempo eta senjata nu diacungkeun ku Jalma, pok ngomong:” Jalma, naon hubungan sampeyan jeung Ki Nurustunjung ?!” Jalma:”Ku naon kituh ?” Ki Wira:” Eta senjata nu keur dicekel ku sampeyan, moal aya nu bisaeun make ari lain Ki Nurustunjung mah, tah eta sababna Kula nanya.” Jalma :”Memang ieu senjataa nu sok dipake ku Guru Kula, Ki Nurustunjung !” “Naooon !?” mani bareng Ki Wira jeung ki Darga nanya ku kaget2na. “Tapi memang moal enya hiji Pamuda masih ngora keneh pisan sakieu gagahna, ari lain murid Ki Nurustunjung mah; jeung memang moal aya nu bisaeun make eta senjata ari lain murid Ki Nurustunjung. Coba atuh ti tatadi sampeyan ngomong, moal kajadian kieu.” Jalma:”Ku naon kituh lamun kuring murid Ki Nurustunjung ?” Ki Darga:”Kuring pasti moal wani ngaganggu murid Ki Nurustunjung; sabab Maung Hideung kahutangan budi ku Ki Nurustunjung. Manehna nu nulungan kuring sabalad balad, waktu dikepung Kumpeni; nya kuring ti harita sumpah, moal ngaganggu ka saha2 wae nu aya hubungan jeung Ki Nurustunjung.” Jalma oge rada hanjakal, tapi pok ngomong:”Enya saenyana teu kudu urang loba korban, tapi mun teu ku jalan eta meureun urang moal wawuh; tah kumaha atuh ayeuna ?” Ki Darga jeung Ki Wira brek wae deku terus nyarita:”Kaula jeung sakabeh gorombolan Maung Hideung, di na waktu ieu geus nyieun kasalahan gede wani ngalawan murid Ki Nurustunjung, tah kuring sarerea ayeuna masrahkeun diri; rek dibeureum rek dihideung kumaha andika wae, Jalma, Pendekar Maung Sancang.” HANCA
