EPISODE KA 23 – Ka Wanayasa deui Isukna sanggeus silih rangkul antara Jalma sabalad balad jeung para pimpinan Maung Hideung, Jalma dituturkeun Ku Ki Jara, Ki Raksa, Ki Dipa, Ki Ganda si Jangkung, Si Pendek jeung Gandi nuju ka Wanayasa; tadina mah Ki Jara keukeuh mugen misah jeung Jalma teh, kahayangna mah terus ngingintil; jeungna deui pasti ajengan Salim bakal males pati ka manehna, tangtu manehna bakal susah; tapi Jalma ngayakinkeun yen Gusti Allah bakal ngahampura ka jelema nu tobat; atuh piraku deui Ajengan Salim moal ngahampura ? Nya sanggeus dipapatahan ku nasehat2 nu asup akal ahirna Ki Jara nurut rek ka Wanayasa; nya Jalma nu bakal mimpin jeung ngenalkeun maranehna ka Haji Syarif. Jalma ngayainkeun yen mun H. Syarif narima, moal aya nu wanieun nentang, jadi Ki Jara jeung baladna ulah ringrang sok sing percaya ka kuring; kitu Jalma mere kayakinan nu positip ka Ki Jara sabalad balad. Nya atuh bral wae poe eta Jalma sabalad balad nuju ka Wanayasa. HANCA
