EPISODE KA 23 – Ka Wanayasa deui 

   

Isukna sanggeus sasalaman pileuleuyan antara Jalma sabalad
balad jeung para pimpinan Maung Hideung, Jalma dituturkeun Ku Ki Jara, Ki
Raksa, Ki Dipa, Ki Ganda si Jangkung, Si Pendek jeung Gandi nuju ka Wanayasa;
tadina mah Ki Jara keukeuh mugen misah jeung Jalma teh, kahayangna mah terus
ngingintil; jeungna deui pasti ajengan Salim bakal males pati ka manehna,
tangtu manehna bakal susah; tapi Jalma ngayakinkeun yen Gusti Allah bakal
ngahampura ka jelema nu tobat; atuh piraku deui Ajengan Salim moal ngahampura ?
Nya sanggeus dipapatahan ku nasehat2 nu asup akal ahirna Ki Jara nurut rek ka
Wanayasa; nya Jalma nu bakal mimpin jeung ngenalkeun maranehna ka Haji Syarif.
Jalma ngayakinkeun yen mun H. Syarif narima, moal aya nu wanieun nentang, jadi
Ki Jara jeung baladna ulah ringrang sok sing percaya ka kuring; kitu Jalma mere
kayakinan nu positip ka Ki Jara sabalad balad. Nya atuh bral wae poe eta Jalma
sabalad balad nuju  ka Wanayasa. 


Jalma jeung rombongan henteu jalan nu diliwatan bareto ku
Jalma tapi motong jalan liwat Cisurili, supaya leuwih deukeut; ayeuna ngaran
Jalma jeung gelarna Pendekar Macan Sancang, geus mimiti nerekab , nu cenah geus
nalukkeun Begal Pasir Buncit, maehan Maung Sancang ku sakali tinggangan,
nalukkeun Kumpulan Maung Hideung, cenah ieu pendekar nu masih ngora keneh teh
murid Ki Nurustunjung ; Jalma mah teu apal yen manehna ayeuna geus sohor. 


Barang asup ka Cisurili, Jalma dipegat ku Oah2 di Cisurili;
cenah Jalma moal bisa ngaliwat Cisurili lamun teu sindang heula ka Si Jabrig
Jadugna di dinya. Jalma sabatur batur nolak, lantaran asa teu ngeunah hate,
dipihormat saperti kitu; tapi sigana oah di dinya maksa pisan, nya atuh Jalma
nyimpang heula ka imah Si Jabrig. Si Jabrig mani daria pisan di na narima
Jalma; Jalma diugung ugung ; kadaharan disadiakeun loba pisan. 

Barang rek
mangkat Si Jabrig mekelan duit 2 ringgit, nu tangtu wae ditolak pisan ku Jalma,
tapi ahirna ngaliwatan Ki Gandi bisa oge eta dua ringgit teh ditarima. 

Sajajalan
rada digelendeng si Gandi ku sarerea; ari cek manehna , manehna geus nolak;
tapi Si Jabrig maksa pisan, ulah teu ditarima cenah; ieu teh ihlas pisan.
Barina ge, kapan urang teh loba kabutuh, aya rezeki ulah ditolak eta nampik
pangasih ti Pangeran. Ah ! nyanyahoanan siah Gandi cek Ki Jara, Jalma mesem we,
nya ahirna mah tepi we ka Wanayasa. 

Harita keneh Jalma ngadatangan pasantren, barang asup;
kadenge sora nu Jalma apal pisan: Jalma !?”
 

Barang ngalieuk Jalma oge nyorowok:”Somad!” duanana lumpat
nyampeurkeun, terus silih rangkul; Ki Somad cirambay lantaran teu nyangka bakal
tepung di dinya poe eta. 

Tina sikep Somad, Jalma apal yen Si Somad loba anu
hayang dicaritakeun ka Jalma; Jalma ge ngarti ku sabab kasonoan geus lila teu
panggih; tapi di na waktu ieu lain waktuna keur nguruskeun urusan pribadi,
ayeuna mah rek nguruskeun heula urusan Ki Jara sabalad balad. 


Terus we ku Jalma dikenalkeun Somad ka Ki Jara sabatur batur,
jeung sabalikna. 


Jalma nyarita, yen engke we tunda heula ngadongeng mah,
ayeuna rek ngadep H. Syarif heula. Somad ngarti, jeung enyana deuih, moal bisa
kitu bae terus ngan ka Si Somad; teu bisa H. Syarif, Ajengan Salim diliwat kitu
wae. Nya terus we Somad ti heula nuju imah H. Syarif; tapi kapaksa Jalma sa
batur2 nungguan diluar kamar, lantaran H. Syarifna cenah keur shalat; biasa
ibadah rutin. 

Jalma teu loba omong diuk sila bari tungkul, terus we sabisa bisa
wiridan; lolobana istighfar; Ki Jara sabatur batur ge nya pipilueun we sila
satukangeun Jalma.
 Somad mah indit ka kobongna, rek beres2 cenah; lantaran
Jalma ayeuna geus balik deui. 


Ki Jara sabatur batur kacida keselna, tapi ku sabab nempo
Jalma sabar pisan nungguan, nya kapaksa maranehna ngarerepeh; ngan kaciri
sarerea pada garo2 teu ateul. Ki Jara sabatur batur heran pisan nempo sikep 
Jalma,
ku naon mani hormat pisan ka H. Syarif; padahal saha jelemana nu wani
ngabaekeun Jalma Si pendekar Macan Sancang ? Ah enyaan , aneh ieu budak ngora
teh, kitu pikiran Ki Jara sabatur batur. 


Sanggeus sawatara lilana, kadenge sora ti jero kamar
ngagentraan, gancang wae hiji Santri nu geus aya umur asup ka kamar; terus
bebeja yen aya tamu. 


H. Syarif nyarita lalaunan:”Tamu ? Naha atuh teu dibejaan ti
tatadi ? Doraka etah, nambelarkeun semah ? semah mah kudu diheulakeun, ti batan
ieu ibadah shalat.” 


Santri pok nyarita:”Tadi ge kuring rek ngawartosan ka Guru,
tapi itu tamu ngahalangan ulah cenah keun we; terus ayeuna nuju ngantosan diluar
kamar, tos lami !” 


H. Syarif:”Naooon !? Ih maneh mah Komar, gagabah
pisan........... jeung saha eta tamu teh ?” 

Komar:”Eta Jalma...........” 


Kakara ge nyarita sakitu, H. Syarif geus teu ngawaro deui
terus we muka panto kamar, pok  nyarita
bari nyampeurkeun Jalma:”Aduh Jalma........ 
alah........... mani geus lila teu ka dieu2; Bapa sono
pisan...........!  Gabrug we Jalma dirontok,
digalentor, lantaran memang H. Syarif nyaaheun pisan ka Jalma teh, asa ka incu
sorangan cenah.” 


“Kamana wae atuh Ujang teh, Jalma ? Aba mani leungiteun
pisan, maneh indit teh.” Jalma oge carindakdak, lantaran apal ka na kanyaah H.
Syarif ka manehna; nya Jalma nyuuh we ka H. Syarif, duaan paungku ungku
nyacapkeun kasono.
HANCA
 

Kirim email ke